Dongeng Sunda

Dongeng Sunda TUKANG DONGENG

Kunti Jeung Tukang SadoDina hiji peuting kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik saenggeus mangkal di dayeuh, pas k...
02/06/2025

Kunti Jeung Tukang Sado

Dina hiji peuting kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik saenggeus mangkal di dayeuh, pas keur ditengah jalan mang Udin nu euker mengendarai kuda supaya baik jalanya, ningali aya awewe keur nangtung disisi jalan bari make baju bodas bari buukna panjang nepi ka bujurna, ku mang udin ditanya:

"Neng bade kamana wengi-wengi kieu'?". "Nya eta mang bade ka ka bojong lopang" jawab na.

Tuluy singkat carita eta awewe teh milu ka mang udin da kampung mang udin ngaliwatan kampung nu rek dituju ku awewe eta. Pas nepi ka bojong lopang awewe eta turun bari ngasongkeun duit 20,000,.

"Ah neng sawios atuh" ceuk mang udin. Si awewe eta teu loba carita bari init kana rungkun anu poek, barang teu lila mang udin kaget nempo duit 20,000 tadi rubah jadi daun kararas, Bari nga gurutu mang Udin nyarita "Dasar Kunti lanak",

teu lila sia wewe eta bijil dei tina rungkun anu poek bari nyarita

"Dari pada amang mah TUKANG SADO"

Source: https://www.ketawa.com/2007/11/4190-kunti-jeung-tukang-sado.html

TARAJE teh NTAR AJEJang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug g...
02/06/2025

TARAJE teh NTAR AJE
Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tulung-tulungan.

Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nulungan Jang Dodo.

Jang Dodo : " Taraje...!!! taraje ...!!! ", maksudna menta disodorkeun taraje kahandap.

Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NTAR AJE.... yeeee

Source: https://www.ketawa.com/2008/09/4879-taraje-teh-ntar-aje.html

24/10/2024

DONGENG SUNDA CARITA RAMPOG JEUNG TUKANG KIOS

https://youtu.be/PDu6QAMk7Wc?si=hPN2VUhAM3i1gkZGWilujeung ngadangukeun Mugi tiasa ngahibur 🙏
18/05/2024

https://youtu.be/PDu6QAMk7Wc?si=hPN2VUhAM3i1gkZG
Wilujeung ngadangukeun Mugi tiasa ngahibur 🙏

DONGENG - BAHASA SUNDA - CARITA SAMBOJA BEUREUM ‎ dongeng ieu teh saleresna mah nyaritakeun salah sahiji pamuda urang kota anu gaduh pang...

10/05/2024

Semangat kanggo sadanayana

10/05/2024

Saya mendapatkan 5 pengikut dan menerima 2 tanggapan dalam 90 hari terakhir! Terima kasih atas dukungan berkelanjutan Anda. Saya tidak mungkin berhasil tanpa Anda. 🙏🤗🎉

06/02/2024

THE BEST CERITA DONGENG SUNDA
KARYA KI UMBARA

06/02/2024

Aya ku kitu na nya... 😅

Dongeng Pikaseurieun part 2Titungtung Lembur KenehTitungtung lembur keneh barudak ngagimbung ngabring ngabring nu anyar ...
06/02/2024

Dongeng Pikaseurieun part 2

Titungtung Lembur Keneh

Titungtung lembur keneh barudak ngagimbung ngabring ngabring nu anyar datang, biasana nu sok di abring abring ku barudak teh mun aya tukang topeng monyet datang,sihoreng nu datang teh geuning rombongan "tok tok wow" anu di kokojoan ku selebritis Kusnet nu katelah kang Taopik H. Savalas.

Beja pabeja, beja yen kalembur eta aya grup tok tok wow datang oge nepi ka ceulina mang Sahim anu kaparengan keur dirorek ku bulu hayam. Najan keur peureum beunta ngararasakeun pelemna dirorek bulu hayam, ari ngadenge grup tok tok wow datang mah mani ngorejat terus ngagorowok kapamajikanana.

"Surtiii....gancang cokot cangkang sabun merek sikoboy,tuh aya patugas tok tok wow kadieu..!" mang Sahim hariweusweus. "Keheula atuh...ieu keur ngancingkeun kutang meni hararese kieu !" ceuk bi Surti bari terus ngojengkang kakamar mandi.

"Apana lumayan euy...aya sapuluh siki,mangkaning dina tivi ge lamun leuwih ti lima sok dibere saratus rebu !"

"Atuh mun kitu bisa ngebul..euy" Keur guntreng kitu diluar aya nu uluk salam, sihoreng patugas tok tok wow datang.

"Sampurasuuuuunnn!"

"Rampesss!" tembal mang Sahim

"Punten abdi saparakanca ti tim tok tok wow tea mang !" ceuk patugas bari ngasongkeun mik ka mang Sahim, nu saurang deui nyorotkeun kamera. Bi Surti uman imen gumeulis dihareupeun kamera, can acan dititah, bro cangkang sabun sikoboy digebrokeun ka patugas.

"Ke..ke...ke...punten bi...ayeuna mah nu ditaroskeun teh sanes cangkang sabun!"

"Nya naon atuh ?" bi Surti jebi rada hanjelu.

"Kumargi ayeuna bade tujuh belasan,simkuring saparakanca bade ngayakeun program PSK (Paraputra Simpay Katresna) tah kukituna upami bibi gaduh putra dua kenging hadiah lima puluh rebu,gaduh tilu kenging saratus rebu, upami langkung titilu sajalmina dietang dua puluh rebuan...ari ayeuna si bibi gaduh sabaraha urang putra teh ?"

Ngadenge kitu bi Surti nyenghel bari ret ka barudak anu ngagulung. "Upami percanten mah murangkalih anu tadi ngabring-ngabring bapa-bapa teh taya sanes pun anak !"

"Baruuukk...paingan atuh mani sarimbag jeung mandahna !" ceuk petugas tok tok wow bari ngareret ka mang Sahim, nu direret serengeh bari terus ngagorowok.

"Daaaak..gancang baris nek diitung yeuh !". Teu kungsi lila kurunyung aya aki-aki dipapayang ku opat urang awewe bahenol terus nyampeurkeun ka patugas...pok petugas nanya.

"Ki...ieu teh tuang putra sanes...meni gareulis kitu ?"

"Hiss..tong gagabah..ieu teh gacoan aki...tah nu pang mencrangna karek lima bulan ngadahup jeung aki!"

"Punten ki...sakali deui punten..nu bade dipasihan hadiah teh anu seueur putrana, sanes nu seueur garwana !" patugas tok tok wow mamandapan.

"Tuh pan saur abdi ge geuning titatadi, sanes poligami award... poligami award teu percanten... dasar mantangul !" ceuk eta opat awewe mani bareng bari ngagebutkeun siaki.




Cerita humor kategori Bobodoran Sunda tentang Titungtung Lembur Keneh

Dongeng PikaseurieunMaling Hayam Jeung PangantenAwal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik...
06/02/2024

Dongeng Pikaseurieun

Maling Hayam Jeung Panganten

Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe "kang....tos dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena "duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka aing". padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.




Cerita humor kategori Bobodoran Sunda tentang Maling Hayam Jeung Panganten

Address

Komp Griya Winaya Blok A14 No 2
Bandung

Telephone

+628222106071

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Dongeng Sunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Contact The Business

Send a message to Dongeng Sunda:

Share