01/07/2024
Kisah Inspiratif Cianjuran (3)
Yadi Cunkring Di Tilu Jam Tilu Menit
Katalangsara Nguniang Tekad Bebela
Impian ka Amerika Serikat nu maksud hayang panggih jeung Agnes Mo, malah kasarung ka nagara Guatemala (ka asup Amerika Latin).
Guatemala mangrupa negara nu kawengku
gunung berapi, pagunungan, jeung pantai di Samudra Pasifik jeung Laut Karibia. Ti Pegunungan Cuchamatán di dataran tinggi bagian barat, nepi ka garis pantai di Laut Karibia jeung Samudra Pasifik, negara leutik ieu mibanda ciri nu kontras. Tilu tina 30 gunung berapi di Guatemala masih aktif.
Umumna warga jadi nelayan Pon kitu deui Yadi Cukring ahirna daek teu daek angkleung angkleungan dina kapal gede nu unggal poe ngalaan lauk
"Pokona mah kuring kasiksa nepika awak oge tambah beging, sok komo gawe di tengah lautan, ti pantai nepika paranti ngala lauk teh diperjalanan oge sabulan," ceuk Yadi bari ngalimba nahan cimata nu rek juuh.
Sataun gawe dikapal bari teu meunang gajih, nu ahirna tos sataun kapal ka darat. Tapi malah ka Afrika Selatan. Ahirna Yadi Cunkring jeung batur baturna ngalaman di panjara di Afrika Selatan. Di penjara kalawan meunang panyiksa anu kejem ti sasama anu ditahan.
"Kuring ngalaman pait peuheur di penjara eta, teungteuingeun ka jalma jalma anu geus ngakaya. Tapi najan pait peuheur kuring jeung batur batur terus berjuang sangkan bisa mulang ka Indonesia," ceuk Yadi Cunkring.
Upayana ahirna ngabuahkeun hasil, Yadi jeung 49 urang baturna bisa mulang ka Indonesia. Tapi turun tina pesawat bingung sabab saurang oge taya anu boga duit. Ahirna sarerea nekad leumpang muru ka Cibubur tempat pausahaan anu nginditkeun ka Amerika.
" Nya tina perjalanan eta kuring ka didik jeung kalatih ku serikat buruh migran indonesia di Jakarta, nepika kuring ngarti jeung paham kuring salah sahiji korban jaringan penjualan orang secara ilegal," pokna.
Sataun di jakarta, Yadi jadi ilibiung dina enggoning nulungan anu carilaka akibat gawe ka luar negeri. Tos kitu mulang ka lembur, Yadi Cunkring gerak nguniang tekad bebela ka warga leutik anu ngabutuhkeun bantuan.
Matak enggoning mantuan warga anu hayang KTP jeung KK oge Yadi Cunkring trang trangan ngaku sok nyaloan, sanajan teu ieuh ngarah ngarinah ka warga sok komo tupa tipu mah tara.
"Kuring ngarasakeun kieu jadi jalma teu boga, jalma bodo sok dibobodo, matak kuring baris ngabela. Tuh tina ladang pamura pamera waktu ngabantu nyieun KTP kuring mampu ngabantu nyieun imah warga anu arek runtuh, kuring teu mentingkeun sorangan.".
Berjuang moal eureun, Yadi Cunkring nekad diri hayang terus diajar jujur jeung amanah.***