09/04/2023
Fiksi janari
*HORĂAM SAUR*
Lamun lain kawajiban jeung teu karunya ka anakna, Karsih horèam hudang.
Rèt ka dua anakna nu sararè ngampar di patengah.
Euis anak cikalna ngagojod, rèt ka Si Ujang anak bungsuna ngarèngkol diharudum ku sarung nu geus karohok.
"Emh, deudeuh teuing anakiiing!" Karsih, rumènghap nahan inghak.
Mirun seuneu, naheur cai, nganeutkeun sangu. Deungeunna bèsa buka ukur sambel, lalabna seupan nangka, seupan kacang, jeung gorèng endog dua s**i ku sarèrèa. Nu nyèsa ukur lalabna wungkul.
Huleng. Bingung.
"Si Ujang mah, karesepna nguah...!" gerendengna.
Seupan nangka ngora jeung kacang, disayur lodèh. Gesruk nyambel goang.
Bari siduru, Karsih meuleuman opak kicimpring. Biwirna teu rèpeh. Maca solat Badriah.
"Solatulloh solamulloh, ala toha Rosulillaah...." sora nu halimpu, pegat-pegat.
"Lagu saur, listrik kalah modaaar, euy...!" kadèngè hawar-hawar tatanggana ngagorowok.
"Untung kuring mah teu masang listrik..."Karsih, ngomong sorangan bari ngarenyu.
Keur saur geus ngajagrag.
"Euis, Ujang, gugah. Garugah geura salaur...!" Karsih, ngahudangkeun anakna.
Korèjat. Euis gigisik.
"Euleuh, ema meni teu ngageuingkeun...!" Euis, nèmbalan, lèos ka dapur.
"Moal saur uingah, Ma. Horèam...!" Si Ujang kalah ngagoloyoh nyusup kana lahunan indungna.
"Huus, pamali. Naha moal sauuur?" Karsih, ngusapan sirah anak bungsuna.
"Horèam, ah. Pasti moal aya deungeunna, Ma. Gorèng endog apanan bèak, paling ukur sambel wungkul..."Si Ujang, nèmbalan.
"Nguah ayeuna mah, Jang. Tuh ema ngadamel lodeh nangka, sambel goang, sareng beuleum opak kicimpring...!" tèmbal Karsih, bari imut.
"Nyaan, Ma...?" Si Ujang, ngorèjat.
Karsih ukur unggeuk.
"Asiiiik. Uing bakal nguaaah!" Si Ujang jigrah.
"Tah hiji sèwang, da dihaneutkeun deui, digarangkeun.
"Euis norojol ti dapur, nanggeuy piring sèng.
"Naon èta tèh Tètèh?"
"Gèhu. Uih tarawèhan dipasihan gèhu tilu s**i ku Bu haji, ku Tètèh teu diemam...!" walon lanceukna.
"Wah, deungeunna kumpliit, euy...!" ceuk Si Ujang