25/09/2024
Bank Emok
Ibu rumah tangga ceurik lolongseran basa keur di riung ku ibu-ibu.., aya oge ibu rumah tangga nu indit teu bebeja ka salakina.., teuing kamana inditna da euweuh balik-balik.., aya oge ibu rumah tangga nu indit jeung lalaki sejen, sabab salakina teu bisa nyumponan tina sagala pangabutuhna..,
Rata-rata kasus eta balukar tina korban bank emok nu keur marak di Jawa Barat.,asup ka pilemburan sasaranna ibu-ibu nu keur nafsu pangabutuh...,
Injeman mikro kanyataanna masih digunakeun jang kedok praktek renternir..,nyaeta bang emok nu keur nyiliwuri jeng ngaririwaan ka awewe nu boga salaki nu keur meuejuhna kapengpeongan ku ngaranna duit.....
Ieu nandakeun kahirupan nu sakieu weritna.., jaman ngumajak kana konsumtif.., dibibita ku injeman nu gede dibayarna saminggu sakali..mun teu bisa mayar kudu tanggung renteng ibu-ibu lainna..nu utama kelompok eta.....
Saha nu salah lamun geus kajadian kieu..?
Bank emok salah pisan, geus ngamangpaatkeunkahirupan kieu ku ngabibita injeman cara renten. Ibu-ibu oge salah.., minjemna semanget, pas mayarna ngagukguk teu boga jang mayar.., pamarentah salah.., cicing wae ningali kondisi masyarakatna nu keur jumerit.....
Solusina, RT, RW jeng pamarentah desa nga data nitenan wargana nu kasusahan..., bari nyiapkeun program pemberdayaan nu reel apanan boga bumdes jeng bantuan nagara nu teu saeutik.
pamarentah nu diluhurna ngabasmi bang emok terus boga kabijakan perbankan ngamudahkeun injeman jang rahayat leutik..,
ibu-ibu kudu kompak eureun teu ngagunakan injeman bank emok