05/12/2024
Usum geus teu nyanding ka waktu, musibah beuki rongkah. Nu ngaji tinggal hariringna, nu ceramah tinggal perténtangna. Kyai leungit aji, ajengan leungit wejangan. Élmu nungtut lapur, adab jadi biadab. Jati kasilih ku junti, leungit ciri tinggal cara.
Kawung mabur carulukna, samak leungiteun pandanna, ciamis tinggal paitna, cihérang tinggal kiruhna, resi leungiteun ajina, ulama ilang komara, kaduruk hawa napsuna. Bangkong dikongkorong kujang, ka cai kundang cameti, ka darat kundang heurap (hiji amanah ditepikeun ka jalma nu teu bener).
Kukituna, yeuh...geura regepkeun : Hirup mah kudu landung kandungan, laér aisan, leuleus jeujeur liat tali, gedé bacot hadé congcot, soméah hadé ka sémah. Congo nyurup kana puhu, ka luhur sirungan ka handap akaran. Bisa ngajaga panon ku awasna, ngajaga ceuli ku déngéna, ngajaga létah ku ucapna, ngajaga haté ku ikhlasna. Weruh ka semuna apal ka basana, rancingeus rasana rancagé haténa. Sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak.
Mun geus kitu bakal : Bumi manjing ka langitna, ti langit séah hujanna, lembur subur, kota bagja, masjid jeung diri ngahiji, harta geus ngawujud harti, hukum geus ngawujud adil, nyanding pamingpin ka rahayat, ulama ajeg wiwaha, ucap jeung léngkah sarua, pitutur ngawangun subur, ayat ngawujud ka adab.
Sorotan