Elud.Maoludin

Elud.Maoludin Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from Elud.Maoludin, Video Creator, blok malongpong desa SukadanKec. Malausma Kab. Majalengka, Pamarayan.

Saalit pasti mahi, Seeur Alhamdulillah. Hirup moal ngarasa kurang, mun rasa syukur cicing na hate urang.
16/12/2022

Saalit pasti mahi,
Seeur Alhamdulillah.
Hirup moal ngarasa kurang,
mun rasa syukur cicing na hate urang.

12/12/2022

Senen isuk... Semangat usaha

21/11/2022

Pray for cianjur

Gempa Anu ngalanda, loba imah nu runtuh rata, loba jalma anu cilaka, Aya ogรฉ Anu tutup usia, pamugi Anu ditimpa musibah masing tabah, di kuatkeun, disabarkeun. Ieu pรฉpรฉling ti gusti Allah. sangkan urang terus รฉling istigfar ka Allah

31/10/2022

Sing saha wae jalma anu diwaktu buritna ngarasa cape, lantaran kadua leungeuna dipake jang neangan nafkah. maka eta jalma ku ALLAH dihampura Dosana.
-HR Thabrani-

Sok nikmat ALLAH numana deui anu dek di dustakeun...

13/10/2022

Jalani wae,
ke ge tepi

Ngadoa trus
Ke ge diijabah

Di ajar terus
Ke ge ngarti

Kereyeuh wae
Ke ge hasil

Kade poho bersyukur
Ke ge dicukupan๐Ÿคฒ๐Ÿคฒ๐Ÿคฒ๐Ÿคฒ

13/10/2022

Lamun ges ngarasa nikmat na rasa
Bakal kabuka hahalang tina hate jeng pikiran
Bray caraang datang na betah lengit karaguan timbul na tatambah kaimanan jeng kayakinan๐Ÿ‘๐Ÿ‘๐Ÿ‘

12/10/2022

Mun di bongkar ayat robil 'aalamiin maaliki yaumiddin
Muringkak..
Surah pambuka...
Pambuka rezeki, pambuka hidayah pambuka hate , pembuka berkah , pambuka sagalana..
Poho kana title diri, engke di gero ku ayat eta bari di carekan, ditanya ngke kugusti. MANAAAAA JALMA NU NGARASA KUASA , NGARASA NGARAJA DI DUNYA
NU NGAHUKUMAN SAGEUNAHNA ..
NGARASA LEWIH ALUS TI BATUR ..
MANAAA JALMANA NYINGHAREUP KADIEU..
AING AYEUNA NU NGARAJAAN SARIA KABEH . AING ROBUL 'ALAMIN AING AL MALIK..
Beuhhhhh.. isin mun eling kana ayat eta.
Pira saha urang teh borojol oa oa ... buligir te bisa hudangยฒ acan..
Paeh di gotong batur te walakaya, saha urang teh , nafsu ngalanda diri , ngarasa pang jagona , pang benerna.
Astagfirullah... kabatur geuleuhan, horeng paeh ge butuh kabatur baraya...

11/10/2022

Panggeuing pikeun urang nu ker ngajalani hirup.
Ngudag naon urang di alam dunya ?
Sedeng kiwari takdir beuki deukeut.
Takdir nu mawa mangsa, mangsa awak dikubur jeung dibeungkeut. Apa ayeuna?
Pageto?..
sing emut urang teh bakal maot.

Nb: Siar dunia saolah-olah urang bakal hirup sarebu taun,
Tapi ibadah sa alus-alusna seolah bakal maot isukan.

10/10/2022

Baraya... Aya indung aya surga, Aya bapa aya dunya
Doa indung jadi jimat, Doa bapa jadi jampe
Pikeun lengkah pikeun tandang ngadeugkeun kabagjaan
Laku lampah nu utama, nyebarkn asih kasasama
Tingkah polah sing merenah,
sangkan manggih Kamulyaan, Kajembaran, Kawaluyaan, jeung Karahayuan... tong nepikeun indung jeung bapa maneh nyeri hate ...
sabab doa na indung mah saciduh metu...

Maulid Nabi Muhammad SAW12 Rabiul Awal 1444 HุงูŽู„ู„ู‘ูŽู‡ูู…ู‘ูŽ ุตูŽู„ู‘ู ุนูŽู„ูฐู‰ ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ู…ูุญูŽู…ู‘ูŽุฏู ูˆูŽุนูŽู„ูฐู‰ ุขู„ู ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ู…ูุญูŽู…ู‘ูŽ...
08/10/2022

Maulid Nabi Muhammad SAW
12 Rabiul Awal 1444 H

ุงูŽู„ู„ู‘ูŽู‡ูู…ู‘ูŽ ุตูŽู„ู‘ู ุนูŽู„ูฐู‰ ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ู…ูุญูŽู…ู‘ูŽุฏู ูˆูŽุนูŽู„ูฐู‰ ุขู„ู ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ู…ูุญูŽู…ู‘ูŽุฏู ูƒูŽู…ูŽุง ุตูŽู„ู‘ูŽูŠู’ุชูŽ ุนูŽู„ูฐู‰ ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ุฅูุจู’ุฑูŽุงู‡ููŠู’ู…ูŽ ูˆูŽุนูŽู„ูฐู‰ ุขู„ู ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ุฅูุจู’ุฑูŽุงู‡ููŠู’ู…ูŽ ูˆ ุจูŽุงุฑููƒู’ ุนูŽู„ูฐู‰ ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ู…ูุญูŽู…ู‘ูŽุฏู ูˆูŽุนูŽู„ูฐู‰ ุขู„ู ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ู…ูุญูŽู…ู‘ูŽุฏู ูƒูŽู…ูŽุง ุจูŽุงุฑูŽูƒู’ุชูŽ ุนูŽู„ูฐู‰ ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ุฅูุจู’ุฑูŽุงู‡ููŠู’ู…ูŽ ูˆูŽุนูŽู„ูฐู‰ ุขู„ู ุณูŽูŠู‘ูุฏูู†ูŽุง ุฅูุจู’ุฑูŽุงู‡ููŠู’ู…ูŽ ูููŠู’ ุงู„ู’ุนูŽุงู„ูŽู…ููŠู’ู†ูŽ ุฅูู†ู‘ูŽูƒูŽ ุญูŽู…ููŠู’ุฏู ู…ูŽุฌููŠู’ุฏูŒ

Neangan awewe geulis atawa lalaki anu kasep mah babari, coba tinggali Dina Instagram atawa Facebook ayeuna, pinuh ku pho...
07/10/2022

Neangan awewe geulis atawa lalaki anu kasep mah babari, coba tinggali Dina Instagram atawa Facebook ayeuna, pinuh ku photo-photo nu gareulis jng karasep Kabeh.

Tah nu hese mah neangan anu sabar, setia jeng pekerja keras. Spesies nu iyeu mah rada hese neangan na, Matak na gelis jng kasep lain jadi ukuran.

Address

Blok Malongpong Desa SukadanKec. Malausma Kab. Majalengka
Pamarayan
45464

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Elud.Maoludin posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share

Category