13/11/2025
Jam 05.47 énjing, pasar Rancaekek kakara mimiti rame.
Dadan, lalaki umur 32 taun, awakna sedeng, make jaket olahraga hideung jeung sarung tangan ipis
Di salah sahiji kios sisi tengah pasar, aya kios jamu kolot nu jarang dibuka. Tukang jamuna, aki-aki awakna kurus
Aki Jamu (sora serak pisan):
“Mangga… cobian jamu motekar. Jamu keur kakuatan.”
Dadan rada heran. “Motekar? Jamu naon deui ieu?”
Aki Jamu:
“Jamu nu ngan cocok keur nu sok gawe ripuh… sakali inum, awak jadi motekar.”
Teu mikir panjang, Dadan inum. Rasa paitna aneh
Aki eta ningali Dadan bari seuri leutik pisan.
Dadan teu mikir, mayar, tuluy indit. Jarak ka imahna teu jauh ti kantor Kecamatan Rancaekek. Tapi perjalanan ka imah karasa lieur
Sanggeus muka panto imah, pamajikanna, Rini, nyampeurkeun.
“Pa, naha leumpangna siga lieur kitu?
Dadan (ngusapan beungeut):
“Uing teh lieur ti pasar… tadi nginum jamu…”
Dina jalan ka kamar, awakna nyeri. Dadan ngagoler dinu tehel, panonna beureum, urat-urat beuheungna kaluar
Rini (reuwas):
“Pa! Pa!! Kunaon ieu?!”
Terus Dadan utah geutih. Sanggeus eta, manéhna pingsan
Imah jadi sepi
Rini jeung Gilang anakna mundur nepi ka tembok, mulutna nutup tapi ceulina ngadéngé sora… sora krek… krek… krek… tina jero tulang Dadan.
Tiba-tiba Dadan hudang, tapi lain siga manusa hudang. Beuheungna ngageluk, rahangna ngageser ka sisi, panonna teu boga cahaya. Kulit pipina robek saeutik siga dihurugan ku tangan ti jero.
Rini (jerit satengah napas):
“Pa…? Pa!? Astagaaa… Gilang, hayu kaburr!”
Maranehna lumpat kaluar imah, bari Dadan nu geus jadi zombie ngagolér terus narékahan nangtung ngagunakeun siku. Gerakanna kasar, bentuk awakna teu luyu deui
Rini jeung budakna lumpat ka imah tetangga. Pintu kabuka saeutik.
“Pa RT! Pa RT! Tulungan! Dadan… beda, Pa!”
Pak RT
“Naon isuk-isuk geus rame? Aya naon?”
Dadan nundutan kaluar ngaliwatan panto. Sora rahangna: krraaak… krraak…
Teu bisa ngahindar, Pak RT diserang. Dadan nu lain deui manusa ngagegel beuheung Pak RT nepi ka dagingna kacabut
Rini jeung Gilang ngan bisa ningali, jerit, jeung lumpat deui ka jalan
NOTE: CERITA INI TIDAK NYATA