10/10/2025
Ari definisi Rahn (Gadai) mungguh syara' sakumaha kasauran syaikh ibnu qosim dina kitab Fathul Qorib nyaeta:
ุฌูุนููู ุนููููู ู
ูุงููููุฉู ููุซูููููุฉู ุจูุฏูููู ููุณูุชูููููู ู
ูููููุง ุนูููุฏู ุชูุนูุฐููุฑู ุงููููููุง
Hartosna:
"Ngajadikeun Aen Harta (barang), jadi jaminan kana hutang, dimana eta barang tiasa di ical, teras artos na di ango mayar hutang nalika jalmi anu namut artos teu tiasa Mayar eta hutang"
Conto singkat:
si A gaduh sametan/hutang 10 JT ka si B
teras si A ngaGade keun tanah kango jaminan hutang na,
gancang carita, eta si A teu bisa mayar, Maka si B berhaq ngajual eta Tanah, pas dijual eta tanah pekteh Laku 15 JT, Maka nu 15 JT na dipake mayar hutang, sesa na 5 JT pasrahkeun deui ka si A
____________
Dalil-dalil Akad Gade
Syaikh Abu Ishaq as-syirazi nyarioskeun, bahwa Akad Gadai mangrupakeun Akad anu legal numutkeun syari'at islam, sakumah pidawuh Allah swt dina Alquran:
ููุงููู ููููุชูู
ู ุนูููฐู ุณูููุฑู ูููููู
ู ุชูุฌูุฏูููุง ููุงุชูุจูุง ููุฑูููฐูู ู
ููููุจูููุถูุฉู
Artinya:
"Jika kamu dalam perjalanan, sedangkan kamu tidak mendapatkan seorang pencatat, hendaklah ada barang jaminan yang dipegang." (QS Al-Baqarah: 283)"
Oge legal na Akad Gadai teh didasarkeun kana Hadist anu nga kisahkeun kanjeng Rasulallah ๏ทบ kantos nga Gade keun acuk perang na ka Umat Yahudi, kange jaminan kana sa sho' Gandum, eta Gandum teh kange tuang keluargi na kanjeng Nabi, kieu unggel Hadist na:
ุฃูููู ุงููููุจูููู ๏ทบ ุฑููููู ุฏูุฑูุนูุง ุนูููุฏู ููููููุฏูููู ุจูุงููู
ูุฏูููููุฉู ููุฃูุฎูุฐู ู
ููููู ุดูุนูููุฑูุง ููุฃููููููู
ieu hadist diriwayatkeun ku Syaikhoini nyaeta imam bukhori sareng imam muslim.
_____________
Rukun Akad Gade aya 4, nyaeta:
1.) dua jalmi anu transaksi, nyaeta:
Rohin (jalmi anu NgaGade keun barang) sareng Murtahin (jalmi anu narima barang Gadean)
Lamun dina hutang mah:
Rohin = Anu Nginjem Duit
Murtahin = Anu Nginjemkeun duit
โ syarat Rohin sareng Murtahin aya 2, nyaeta:
A. Teu aya unsur Paksaan
B. Nyumponan kana kriteria mutlaq tasorrup atawa gaduh kabebasan dina ngagunakeun harta, nyaeta parantos Baligh, Berakal sareng Gaduh haq milik kana harta anu bade di Gade keun.
2.) Segat/bahasa anu terdiri tina ijab sareng qobul
sapertos ucapan si Rohin "ROHANTUKA" kuring nga Gade keun ieu Sawah/Tanah/Imah/Motor/Mobil ka Anjeun kango jaminan kana hutang kuring ka Anjeun.
dijawab ku si Murtahin "Qobiltu..." Kuring nampi kana ieu Gadean
3.) Marhun (barang anu di Gade keun nana)
secara umum kriteria Marhun teh nyaeta sugri barang anu sah diperjualbeli keun, maka sah dijadikeun barang Gadean.. Oge nilai Marhun teu di syaratkeun kudu akur jeung nominal hutang na, sahingga tiasa nominal Marhun leuwih atawa kurang tina hutang na.
4.) Marhun bihi nyaeta hutang anu jadi tanggungan si Rohin
โ Syarat dina Marhun bihi:
A. Hutang na kudu geus tetep
B. Hutang na kudu geus lujum (bersifat final)
C. Hutang na kudu ma'lum (dikanyahokeun) kadar na
__________
Mari kita fokus terlebih dahulu, kana Marhun Bihi.. Naha???
sebab geus lumrah di masyarakat nyaeta Gade teh osok tiheula tinimbang hutang, atawa babarengan antara Gade jeung Hutang,, padahal sakudu namah Hutang heula tipayun (marhun bihi),, karek Akad Gade...
Sebab Akad Gadai itu kepanjangan dari Akad Qordun (Akad utang/piutang)
Matak aneh kana kabiasaan di sebahagian lembur nyaeta:
Nu boga duit (murtahin) Neneangan nu rek nga Gade alyas neneangan si Rohin
kuduna mah meureun kieu:
nu rek Nga Gade (nu butuh duit alyas si Rohin), Neneangan nu rek nginjemkeun duit alyas si Murtahin...
___________
Peun... Katakanlah Hutang na geus jelas, Geus tetep, Geus Lujum
Lanjut ayeuna kana Akad Gadai na...
Langsung conto:
A : Kuring ngagadekeun ieu sawah/motor/mobil/imah jang jaminan kana hutang kuring
B : nampi abdi kana ieu barang Gadean
Naahh beres kan akad naa?? simplee kan??
henteu daa, henteu rieut,,
henteu hese,,, henteu riweuh,,,
Riweuh teh ketah lamun urang anu Namutkeun artos gaduh sifat jiga r3nt3nir, anu kadituna ngungudag ka Untungan,,,
Anu padahal Ngahutangkeun artos mah kalebet kana Tabarru (murni ibadah karena Allah) Tanpa rasa pamrih, atanapi dina sapalih kitab mah redaksi na Ta'awun hartosna silih tulungan ka sasama komo ka baraya,, batur teh keur sagala hese , keur karerepet , butuh duit , Tah ku urang di tulungan...
Maenyaaa batur nu keur sulit ku urang karah di manfaatkeun... Karunya atuh...
Numawi tina namutkeun artos ka batur teh aya Ganjaran na / Aya pahala na, malih dina kitab ianah attalibin di uningakeun bahwa aya hadist anu ngajelaskeun padilah kange jalmi anu sok daek nulungan ka sasama:
ููุงูููู ูููู ุนููููู ุงููุนูุจูุฏู ู
ูุง ููุงูู ุงููุนูุจูุฏู ููู ุนููููู ุฃูุฎููููู
_________
Uih deui...!!!
Kulantaran Akad Gade na parantos SAH
maka si Rohin teu aya haq narik deui eta barang Gadean, Oge si Murtahin gaduh Haq/Otoritas nahan barang Gadean nana dina kakawasa'an manehan nana
_________
Catetan Penting !!!
eta barang Gadean hanya sebatas Jaminan, kulantaran sebatas Jaminan, Maka eta barang gadean teu tiasa di alap manfaat ku si Murtahin...
________
padahal lamun sadayana memahami kana Asal Muasal Memberi pinjaman uang, mengerti bahwa itu adalah Membantu sesama yang sedang membutuhkan, saya Yaqin semua orang akan terketuk hatinya,, sehingga akan rela menolong tanpa rasa pamrih
_________
insyaallah kapayuna urang ngajelaskeun Perkawis barang Gadean nalika di alap Manfaat ku si Murtahin kalih nga bahas kumaha Lamun barang Gadean aya karuksakan
__________
Wallahu A'lam Bissowab