
09/07/2023
CINTA ALLOH ,, ; "picinta Alloh oge picinta Rosul-Na, sakumaha Alloh sareng Rosul-Na micinta urang sarerea".
"Bejakeun ku hidep (Muhammad), lamun enya maranehna mikacinta ka Alloh, maka prak maranehna kudu nurutkeun kaula (Muhammad), engke Gusti Alloh bakal mikacinta ka maraneh"
(QS Ali-Imron : 31)
Tah jadi, cindekna mah lamun urang hayang dipikacinta ku Alloh, mangka urang kudu mikacinta oge Rosul-Na, sarta kudu nurutkeun kana lacak lampah Kangjeng Nabi Muhammad Rosululloh saw. Sabab ngan IBADAH cara anu dicontokeun ku Rosulullih anu bakal nimbulkeun kanyaah jeung kaasih Alloh teh.
"Jeung nya ieu pisan jalan kaula anu lempeng, prak ku maraneh kudu dituturkeun sarta POMA PISAN maraneh ulah nuturkein jalan anu sejen, sabab jalan anu sejen teh bakal mengkolkeun maraneh tina jalan Alloh"
(QS Al+An'am : 154)
Hayu dulur-dulur, para sobat satia Apih, urang sami-sami musatkeun emutan ka Alloh mugia Manten-Na tetep maparin kakuatan ka urang sarerea dina enggoning ngabakti ka Illahi. Sareng mugia Manten-Na oge masihan kakuatan ka urang sarerea pikeun ngabuktikeun yen anu "haq" teh jelas haqna sarta anu "batal" teh jelas batalna.
Sagedengeun eta oge hayu urang sami-sami ngadu'a mugia Alloh swt maparin kakuatan Iman sareng Islam urang, kakuatan kanggo ngajalankeun sagala rupi parentah Manten-Na, oge masihan pitiduh kanggo kajauhan cegahanna. .
"Apih Santang"