Arie Salze - Cepi Setiawan

Arie Salze - Cepi Setiawan Rancagé, teu malulu urusan gawé

24/03/2025




Mangrupi kabagjaan anu mandiri, nalika kotrétan aya nu nampi.
MINIMARKÉT MAWA MASKÉT dipedar ku Mang Iyan (live dina platform médsos nu sanés.)

Kanggo parawargi nu mikacinta dongéng Sunda, mangga kantun pilari akunna .
Manawi tiasa mulangkeun katineung ka mangsa bihari, nalika manco ngadangukeun dongéng tina radio.

16/03/2025

_'RESOLUSI'_

(Geuning, rupina tos janten trénding ... Dina prak-prakanana téa sok digelar ku cara sareng acara anu dianggep janten ilahar. Lian ti kembang api, atanapi ngétang mundur angka nu baganti ... Malihan mah diémbohan ku nu disebat RESOLUSI, nyaéta mangrupi patékadan diri nu dikawitan ti kaping hiji Januari)

Désémber katompérnakeun. Langit angkeub ti isuk kénéh. Teu lila girimis miripis, kawuwuh angin nu nebak laun mawa tiris. Tuntungna mah, breg, hujan teu bisa dipondah.

Kaayaan kitu téh pikeun Kabayan mah beuki horéam indit-inditan, keur mah eukeur ti tadi mula ukur ngadaweung di tepas, dibaturan cikopi beunang ninyuh sorangan.

Hujan téh ukur saparalak, tapi kilatna kalahka patingbarasat. Kabayan teu ieuh malire, jongjong ngumbar lamunan bari neuteup kekembangan di buruan.

Gedong sigrong lir kosong molongpong, suni taya pangeusi cara kamari, ukur Kabayan sorangan nu nyicingan. Taya pisan cahara sakumaha biasana. Nyi Iteung, pamajikanna, geus dua poé miang. Nedunan paménta Abah jeung Ambuna nu hayangeun pelesir dina raraga mapag ganti taun. Tangtuna ogé, dumeh janten nyonya besar, satadina mah kahayangna téh tumpak kapal pesiar, balakasimpangan ka unggal nagri dina sela-sela balayar. Hadéna abah jeung ambu teu panuju, leuwih milih healing-shoping, pedicure-manicure di Singapur.

Teuing hayang katangar, atawa mémang geus ngarasa jadi jelema ténar ... Indit teu sambarang indit, kabéh badéga jeung nu biasa garawé di imah, hayoh diringkid. Abong nu keur loba duit ....

Gap, gelas. Suruput, "Puaaah! Kéhéd téh, ah!" ceuk Kabayan bari ngaburakeun cikopina nu karasa pangsét, alatan salah milih wadah. Gula pahili jeung uyah.

Kuniang, cengkat. Léos, ka dapur. Teu kungsi lila balik deui sanggeus nyieun cikopi. Méméh ka tepas, ngadadak ngeureunkeun léngkah di tengah imah alatan ébat ku wayang golék, si cepot nu maké kopéah. Srog, ngadekeutan.
"Cageur, Pot? Duh, hampura ... Geus lila urang téh tara gunem catur cara harita. Enya gé saimah, tapi meni hésé pisan hayang méakkeun waktu paduduan," ceuk Kabayan bari ngusapan.

Gék, diuk dina sopa sisieun jandéla nu kabuka
"Udud, Pot! Ieu mah lain filter atawa kréték .... Bako jeung dun kawung, geura yeuh!" Ceuk Kabayan bari nyeselkeun lintingan kana baham si cepot. "Ngeunah, nya? Héhéhé" pokna deui.

Emh, deudeuh teuing Kabayan lir jelema édan. Uplek ngobrol jeung sakadang wayang.

"Ih, naha manéh téh jiga nu teu bérag kitu, Pot? Ku naon? Sono ka si Dawala atawa ka nu jadi bapa?" Kabayan nanya daria. Tuluy unggut-unggutan jiga nu enya ngabandungan si cepot nu jadi sobatna harita. Katempo kabayan ngaheruk, tuluy ngagolédag nyarandekeun awak.

Rumahuh, ras ka Iteung nu unggah adat, tuman walurat kiwari jadi pamajikan konglomérat. Tuman sangsara, ngadadak jadi nyonya nu loba dunya brana. Tuman susah, bet dipaparin hirup genah sagala méwah.

Tapi hanjakal pisan, Iteung kajongjonan jeung katalanjuran. Robah pasipatan. Teu ngabakti ka salaki sakumaha misti. Ayeuna mah jadi loba 'hang out', sautak-saeutuk kedal capcus atawa yuk cabut. Teu kalis ku kitu, mindeng pisan 'hura-hura atawa arisan sosialita, alatan nyobat sareng istri pejabat, dalit ka jalmi-jalmi élit.

Sagédéngeun rasa sukur kana pangasih Nu Maha Ngatur, Kabayan ogé jadi loba kapaur. Abong Pangéran nu maha kawasa tur maha wenang, Kabayan téh dikersakeun ngadadak beunghar alatan nimu batu ali tina tétélar. Satadina mah disangkana barang biasa, nu matak teu gujrud teu éar... Ukur dipaké arang langka, tuluy dipésakan dina saku calana.

Dina waktu hiji peuting, Kabayan ngimpi didatangan aki-aki nu méré béja ngeunaan éta batu ali.

"Cing , aki ningali batu ali téh, Jang!"
"Nu mana téa, Ki?" Témbal Kabayan bari gagaro teu ateul.
"Ah, Ujang mah nya ... " Walon Si Aki bari mésem.
"Nu ieu, lain?" Ceuk Kabayan bari ngasongkeun.
Gap ditampanan. Tuluy diusap, dadak sakara ngagurilap. Kabayan olohok bari jeung calangap.
"Njiiiir, édun pisan geuningan,"
"Ieu barang keur hidep, Jang ... Pék, rék dikumahakeun ogé nu penting mah jadi pakeun jeung jadi pikeun, sakitu ti aki mah, nya ...." Cenah, kituna téh bari les ilang ngahiang.

Koréjat, Kabayan hudang. Rungah-ringeuh bari lulungu. Gap kana kendi, gelegek nginum sababaraha kali.

Sajongjongan Kabayan ngahuleng. Kusiwel ngaluarkeun batu ali tina saku pangsi. Anteb leleb diteuteup teu ngiceup-ngiceup. Taya nu anéh. Saterusna nyéréngéh. "Jadol téh! Aing jadi kaleleban ku impian. Geuning teu jiga tadi, bisa ngagurilap malahan nepika matak sérab.... Ah, abong ngimpi!" Ceuk Kabayan bari neundeun batu ali dina bantal.

Isukna.
Kabayan hudang, pédah kagareuwahkeun ku kongkorongok hayam. Kuniang, cengkat. Gap kana sendal. Blak, muka jandéla. Belewer, hayam dibalang satakerna. Plak, nenggel. Garapak, ngejat birat. "Kéhéd téh, siah! Ngaganggu aing pisan!" Cenah, kituna téh bari ngoloyong ka enggon. Golédag saré deui.

Nyi Iteung nu keur sasapu bati gogodeg. Belenyeng, muru ka kamar.
"Geus beurang ieu téh, Kang. Kalahka saré deui, lain mah ka cai tuluy susul abah ka sawah, ngarah meunang catu! Pan geus puguh teu boga keur nyangu, Kang..."
"Ih, ari nyanéh ... Dina enyana ogé meunang catu, moal bisa langsung dikéjo atuh! Pan kudu dipoé heula, tuluy ditutu, kakara disangu. Ku moéna ogé bakal lila,"
"Nu matak, Catuna jual ... Tuluy beulikan ka béas!"
"O, enya nya ... Jig atuh nyai ti heula, engké akang nyusul. Keun Catuna mah ku akang dipanggul, tuluy rék dijual ka Mang sodik. Beurat catu sakarung téh, Nyi.... Bagéan lalaki urusan punggal-panggulna mah,"
"Emh, abong nu pinter ..." Témbal Iteung bari ngoloyong.
"Daripada ngajual catu nu can tangtu, mending kénéh ngajual batu ali ... Sugan wé, payu." Ceuk Kabayan bari upuk-apak kana bantal. Gep, dicekel. Satuluyna dibawa kaluar kamar.

Gék diuk, nyanghunjar.
"Nyi, mana kopina?" Kabayan nanya satengah ngagero.
"Mangga, ke sakedap, antosan!"

Teu kungsi lila, kurunyung Iteung datang mawa gelas dibakian. Séréngéh, Kabayan bangun nu atoh.
"Mangga dileueut, Kang!" Kituna téh bari ngasongkeun.
Gap ditampanan, bari nyarita "nuhun pisan, Nyai-ku sayang," kabayan ngaguyonan.

Tapi barang dirérét... kabayan ngadadak nepak tarang, ningali gelas eusina cai hérang.
"Selamat menikmati!" Ceuk Iteung bari jebi.

Dasar kabayan, lain mah ambek ... Kalah ka seuri sorangan. Suruput, diinum. Tuluy peureum beunta ngararasakeun cikopi nu aya di mana boa. "Pas kopinyah! Pas susunyah!" Pokna bari ngacungkeun jempol.

Song, gelas diteundeun hareupeun. Pangangguran, clom batu ali diasupkeun kana gelas. Dadak sakara, cihérang téh robah warna jadi beureum. Kabayan ngarénjag tuluy molotot mata simeuteun.

"Nyi...! Nyai ...! Kadieu! Ieu geura tingali!" Ngagero hariweusweus.
"Enya Cihérang, Kang! Lain kopi, éta mah! Boro-boro meuli kopi, apanan!" Témbal Iteung bari ongkoh-ongkoh gégéroh.
"Ih, kadieu geura yeuh! Gancang!"

Antukna Nyi Iteung nyampeurkeun.
"Aheng kacida ieu mah, Nyi! Tempo geura, tuh!" Ceuk Kabayan bari nunjuk kana gelas.
'Naha bet jiga inuman jelema beunghar téa nya, Kang?" Témbal Iteung bari kerung.
"Nu matak atuh, Nyi... Akang gé teu ngarti!"

Ti saprak kajadian éta, teuing meunang béja ti mana, ngadak-ngadak Kabayan bet kadatangan urang kota nu nawar batu alina nepi ka mangjuta-juta. Wajar ari kituna mah kétang, pédah barang pusaka nu kakoncara. Kabayan sorangan teu nyangka jeung teu percaya lamun batu alina téh nu katelah Mérah Dalima.
Teu riuk pasemon, dina nepikeun omongan diwuwuh ngagéré ceuli ku bulu hayam tangka peupeureudeuyan. Bari jeung heureuy-heureuy acan basa ménta mahar dua miliar. Dasar Kabayan padu heuay, tamba teu betus teuing harga kalayan teu miharep ditawar.
Kuat milik jigana mah. Teu kungsi tilu poé, langsung dibayar. Nya ku hal éta pisan nu jadi marga lantaran kabayan jadi jalma beurat beunghar.

*Ka béhdieunakeun.

Lian ti keukeuh ngurus bisnis batu ali, Kabayan ogé muka usaha kulinér pasakan Sunda nu teu kapalang nyongcolang. Jlug-jleg, ngawangun cabang nepi ka sabrang. Can deuih boga 'peternakan' hayam bangkok jeung camani anu omsét-na matak hook matak kataji.
Bungah ...? Sugema ...?
Keur Kabayan mah teu pisan-pisan. Béhna, kabeungharan ukur pupulasan, lain jaminan kabagjaan. Salahsahiji alesanana, harta ngaleuya tapi anak teu boga. Can deuih, ngarasa kasiksa, jadi loba kasieun jeung hariwang teu peuting teu beurang. Hirupna teu bébas. Teu bisa sagawayah dina polah, alesan 'reputasi' di mata 'rélasi'. Antukna, saré teu tibra dahar teu mirasa.

"Aing mah ngeunah kénéh saré di balé, sanajan diamparan samak nu geus rangsak ogé, dipépéndé hiliwir angin pasir, dipirig ku récétna cangkurileung dina dahan tatangkalan. Teu, Aing teu s**a molor najan dina empukna 'spring bed'! Aing mindeng kérék dina kasur lépét. Ngeunaan AC, éta mah Si Iteung nu remen maké. Sok asup angin, Dékah! Aing sono ditundung mitoha, tuluy pundung ka saung salila-lila. Cadu mulang satungtung can dipapagkeun ku pamajikan. Emh, éta cariosan Abah nalika kedal amarah, meni dédéngéeun pisan nyebut borokokok bari jeung soca molotot, tutunjuk nepi ka padudan lésot. Duh, Iteung ... Akang leuwih sono ka Anjeun nu boloho tapi donto." ceuk Kabayan ngomong ka wayang. Tandes, tapi haténa ngangres.
Cimatana, ngalimba. Leungeunna, ngarangkul Si Cépot.

Gilig. Keur taun anyar nu sakeudeung deui datang, sakabéh rajakayana rék dilélang tuluy dibagikeun ka nu kakurangan. Sedengkeun dirina ukur boga cita-cita nu teu pira tapi ahéng kacida, hayang ngarandapan deui hirup sangsara.

12/03/2025

_NALIKA SAPÉNGKOLAN DEUI_

Halodo jeung héabna, leungit sapadaharita, kasilih asih nu nyalusup lirih.

Kakayon rajeg, ilang daun ngadahan pangpung, teu jadi hahalang pikeun ngipuk kagandrung.

Kuring jeung anjeun naratas carita nu matak seunggah tapi betah.
Geuning urang téh taya bédana jeung jalan nu keur disorang. Nanjak. Netek. Ambekan sesek.
Humandeuar basa dina datar. Di Kénca-katuhu kalakay ngampar. Ambalayah. Sarua, kitu deui mangrupa kahayang jeung impian, nu balatak-patuliksak matak eungap ngarénghap.

Saterusna, nurugtug mudun. Luak-léok ngaliwatan léngkob, sedeng anjeun nangkeup beuki geugeut.

Tresna nyaliara, ngagalura. Ti mimiti noélan nepi ka ngendag-ngendag rarasaan, kawas angin ti lamping pasir... nu lajuna robah gancang di mumunggang tuluy nyéak muru ka lebak.

Hayang teuing muntangan jarum waktu nu lumaku, sangkan detikna kendat ngageclik. Bongan, meni asa memenitan pisan, sakitu mangkat ti wanci haneut moyan, mulangna tengah poé éréng-éréngan.
Sajajalan bati kemba, ukur haté nu cumarita. Teu kedal, tapi mudal.
Usap, rénghap, jadi tangara jeung ungkara ngaganti basa, ngeunaan kanyaah nu sumarambah.

Sapéngkolan deui!

Ambekan beuki beurat. Bet kasawang anjeun kedal lisan 'wilujeng angkat', sabada kuring amit tuluy indit.

Reg, ngarandeg. Sajongjongan ngahuleng. Anjeun kapireng nginghak. Bréh, rambisak.

Kahayang mah ngusap cipanon nu ngamalir dina p**ina. Hayang ngarangkul sina nyuuh kana dada. Tapi, kuring bener-bener teu wasa!

Ka langit nu béngras mihapékeun kawelas.
Ka méga nu bodas nitipkeun deudeuh nu méh konéas alatan lawas katambias.

*** Kiwari, keur nu kasakitu kalina, kuring datang deui. Napak tilas ngahudang waas.
Di dieu, di péngkolan ieu, ngajanteng saeneng-eneng. Nanggeuy kakangen.

Panineungan narémbongan, ngeunaan anjeun nu harita ceurik balilihan.

12/03/2025

Reungit

11/03/2025

Bapa hajat jalingkak, napas béak

Pakaulan,

Malati Leuir Kap**it (ArSal)Vocal: Mang Iyan (Kisah Tanah Sunda)
11/03/2025

Malati Leuir Kap**it (ArSal)

Vocal: Mang Iyan (Kisah Tanah Sunda)

11/03/2025

MALATI LEUIR KAPIPIT
Ku: Cépi Setiawan

Vidio éditing, Vocal _ Mang Iyan (Kisah Tanah Sunda)

Ari kituna mah keur pararusing, nu matak nepikeun kalepasan nyentak budak. Tungtungna jadi kaduhung. Reuwaseun jigana mah budak téh, saterusna ceurik bari lumpat ka kamar.
"Astagfirulloh ..." Cekéng téh bari ngusap beungeut sababaraha kali.
Koloyong, muru kamarna. Satadina mah rék nyampeurkeun, tapi kalahka asa-asa. Ukur ngajanteng deukeut panto. Teu lila, balik deui ka tengah imah.

Gék, diuk dina korsi. Regot, cikopi nu méh kari dedekna. "Deuh, nyaan, kudu mimiti ngabiasakeun diri ayeuna mah kuring téh ... Tapi da, kumaha," ngagerentes ditungtungan ku narik napas jero, ngaleupaskeun bangbaluh nu nyangkaruk jeroning rasa.

Sawangan beuki kumalayang, sagala kajadian nu tumiba dina itungan sababaraha poé kamarina, lir tayangan ulang nu diputer deui. Beuki ébréh, jeung beuki nurih kana ati. Kacida. Teungteuingeun.

Kaduhung?
Ah, kaduhung kunaon barina ogé. Ambek nu puguhan mah. Mun seug inget ... Bet asa hayang nampiling jeung ngekesek. Atuda, meni teu nginjeum ceuli teu nginjem panon ... Nyata, kasakséni ku sorangan. Haram jadah! Pamajikan bet kitu peta.

Tilu poé kamari, ku kabeneran basa indit gawé, poho aya nu tingaleun. Nya kapaksa balik deui najan geus jauh ogé. Barang datang ka imah, Astaghfirulloh ..., Pamajikan kasampak saré sagebrug jeung lalaki lian.

Wajar mun kuring nundung, nitah indit harita kénéh. Hadéna, teu dibéré wani basa nempo bedog nu nyelip dina bilik. Hatur nuhun, Gusti ... Abdi teu kabangblasan mawa amarah.
Emh, mun seug téa mah kausap jurig ... boa geus dicacag diwalang-walang, tah! mangkaning taya jalma saurang ogé nu nyahoeun kana ieu kajadian. Iwal ti kuring, Ratna, jeung Si Bangsat Adang. Sedengkeun Dila, nu jadi anak, geus indit sakola TK.

Rumasa Kuring nu salah, tujuh taun rumah tangga teu bisa méré senang ka pamajikan. Lain pédah teu usaha, sakitu belaan hulu jadi suku, suku jadi hulu téh lain bohong. Tapi da ari can kaparengkeun milik, rék kumaha deui?

Jadi inget ka omongan nu jadi indung, nu kungsi teu doa, milih manéhna jadi pamajikan.
"Geulis Ratna téh, ngan kadé, haténa mah teu sageulis beungeutna. Tapi kétang ... Éta mah kumaha manéh. Kami ukur bisa ngingetan." ceuk Ema harita, basa kuring keukeuh hayang diridoan mihukum Ratna.

Ku bogoh téa, nepika teu miroséa omongan indung. Antukna, bari jeung kapaksa ogé, ema ahirna teu burung nyatujuan. Sabenerna kahayang Ema mah, kuring téh ngadahup ka Euis. Ngan balaka, ka Euis mah teu boga rasa najan loma ti baheula. Babaturan ti keur jaman budak kénéh. Ukur nganggap adi. Teu leuwih. Euis mah wanoja cicingeun, jeung kaliwat saderhana. Indit ka mamana, papakéan basajan. Tara wedak tara lipen. Duh, aingah, jadi ngaco kieu p**ikiran téh.

Kuniang, nangtung. Niat rék nempo deui budak di jero kamar. Kulutrak, panto dibuka. Kasampak keur ngaréngkol nukangan. Sakedapan ngawaskeun ti lawang panto. Ieu nu kasebut kaduhung, ngaraheutan haté budak nu kakara umur lima taun ku cara nyentak basa nanya, "Bapa, mana Ibu? Ka Bandung téh, meni lami. Naha teu uih-uih...?" Cenah.

Keteyep, ngadeukeutan. Leketey..., haté kageuri jeung beuki nyeri, nempo budak saré ngeukeupan baju daster indungna.

"Hampura Bapa, Geulis." teu karasa cimata ngalémbéréh, laju ragrag ninggang p**i Dila nu keur tibra.

Kulisik, manéhna ngulisik. Tapi keukeuh panonna mah peureum. Teu lila, manéhna ngalindur. "Enya, Bu... Dila jangji, pasti nyaah ka Bapa. Dadah, Ibu...!"

Sakedapan ngarasa heran ningalina. Naha budak téh jiga nu keur paguneman jeung indungna. Tapi teu ieuh katutuluyan, gap salimbut, tuluy dipaké nutupan awakna. Celengok, nyium tarangna .

Kakara ogé rék ngoloyong, Tok...! Tok...! Tok...! Panto aya nu ngetrok, disusul ku nu pupuntenan.

Bray, panto dibuka. Geuning Mang Omod.
"Aya naon, Mang?"
"Duh, kumaha nya ..." Témbalna, kalahka ngaheruk.
"Ih, ari amang ... Yap, ka lebet heula atuh,"
"Ah teu kedah, Jang ... Da moal lami," cenah.
Mang Omod katempo narik nafas jero. teu lila, pok nyarita. "Sing sabar nya, Man! Tarimakeun, ieu papastén mantenNa, Ratna katabrak mobil. Layonna ayeuna aya di Rumah Sakit. Hayu, urang pulasara."

Gusti...! Meni asa dibéntar gelap.***

Lima bulan ti harita.
Mémang, budak téh ti saprak indungna maot jadi deukeut ka Euis. Kadangkala mah sok kapikiran, kawin waé kitu jeung Euis? Ngan dipikir deui, leuheung mun Euis narima. Dina henteuna, tada teuing bakal kaéraan. Tapi ari ningali galagatna mah, Euis ogé jiga nu aya kénéh haté ka Kuring. Duh, Gusti ..., palangsiang ambon sorangan.

Bray poé, reup peuting. Euis jeung Dila katempona beuki raket. Dihenteu-henteu ogé, Dila butuh kanyaah ti hiji indung. Komo kangaran ditinggalkeun maot ku indungna alatan kacilakaan, tangtuna asa diheulang pisan. Tong boro Dila nu kakara umur lima taun, dalah kuring sorangan ogé sarua. Rumasa leungiteun.

Poé ieu Kuring balik rada elat. Pagawéan nu maksa kudu bérés jadi musababna.

Basa anjog ka imah Euis téh kapeutingan. Teu jauh ti sangkaan, Lampu rohangan tengahna ogé geus pareum. Rét, kana arloji, satengah sapuluh. Tungtungna mah maksakeun uluk salam bari ngetrokan panto.

Bray, panto dibuka ku Euis.
"Aéh, Akang ...."
"Muhun, Is ... Duh, hapunten pisan, aya wagelan di padamelan."
"Ih, teu sawios, Kang .... Mangga ka lebet, mung Dila mah tos obo,"
"Duh, kumaha atuh, nya?"
“Keun waé atuh, Kang ... Wios Dila mah sina ngawengi di dieu, Hawatos teu acan lami tibrana, bilih réwél digugahkeun, mah.”
"Enya ari kituna mah, tapi ..."
"Antosan atuh sakedap mah, nya... Sakantenan ngopi heula, badé?" Ceuk Euis bari imut ngagelenyu.
"Ah, ngarepotkeun pisan, Is ..."
"Henteu atuh, Kang ... Sok antosan,"

Teu kungsi lila, Euis geus datang deui. Sanggeus neundeun kopi jeung susuguh Lianna, gék diuk hareupeun.

Sajongjongan, sarua padakemba. Tapi balaka, ati jeroeun haté mah kebek pisan ku piomongeun. Pangpangna mah hayang ngolongan Euis, sugan jeung sugan daék jadi indungna Dila.

Leng, mikir. Néangan cara pikeun ngamimitian obrolan. Rét, ka Euis. Nu dirérét keur anteng tungkul bari ngomé tungtung cindung.
Emh, nyaan ... Teu sangka jadi robah pisan Euis téh, ayeuna mah, teu boboloneun jiga harita. Jaba, meni asa beuki nyari deuih ...

Basa katempo rék tanggah, gura-giru kuring ngabalieur, inggis katohiyan keur merhatikeun dirina.
"Dileueut atuh kopina, Kang," cenah
"Oh, enya ... Ditampi Is, nya," kuring rampang-reumpeung, bari tuluy haget nyokot gelas.

Ahirna mah, sanggeus neundeun deui gelas, kuring ngawanikeun diri nepikeun omongan.
“Is, eu..., eu...,” cekéng téh, kalahka ngadadak beurat létah.

“Ihh, ari Akang ... Palay ngaleueut?” Euis ngagonjak.

“Sanés, pan atos nembé, cikopi ... Duh, kumaha atuh, nya? Perkawis Dila, Is.” pok téh, rada leuleuy.

“Muhun, kumaha kitu?”

“Hoyong naros, ari Euis nyaah ka Dila?” nanya bari neuteup.

“Oh, éta... Kantenan wé atuh, Kang. Ongkoh Dila mah murangkalihna lucu, pinter, pikaresepeun deuih.” ceuk Euis bari ngawaskeun Dila nu nangkarak di tengah imah.
“Ari, ka bapana?”
“Maksadna?” Euis kalahka malik mencrong.
“Ah, henteu ... Teu kedah dibahas, ah. Heureuy akang, mah.” témbal kuring, bari nahan ratugna jajantung.

“Ih, Akang mah...” Euis mésem, pikalucueun.

“Is..., baheula urang deukeut, geugeut, jeung layeut. Akang masih kénéh inget sagalana,”

“Muhun...” Euis némbal bari tungkul.

“Mun seug kaparengkeun, akang hayang bisa ngulang carita jaman harita. Tapi ...“ teu kebat wakca, kadon rumahuh.

Sajongjongan Euis ukur tungkul, bangun nu jero p**ikiran. Tayohna mah surti ka mana maksudna omongan cikénéh. Jep, jempé. Ukur bisa nahan galura ati nu beuki séah ngaguruh.

Teu lila, Euis nyarita. “Kang, sanaos kapungkur urang téh mung sawates babaturan ... Nanging rumaos abdi ogé kantos miharep salira janten pibatureun hirup abdi salamina.”

Plong, haté ngadadak asa leupas tina bangbaluh. Panon beuki anteb neuteup Euis, tapi naha, bet Katara bangun nu alum.
Teu wani mairan ... ukur cicing bari jeung beuki teu puguh rarasaan.

Teu lila, katempo Euis narik ambekan, jiga nu beurat rék cacarita. “Bagja teu daulat, Kang ... Waktos harita, Akang langkung milih Téh Jenat. Pami kedah balaka mah, teu tiasa kagambarkeun kumaha nyeri-peurihna abdi nampi hiji kanyataan, nu dipikacinta milih nu lian.” Euis nyarita dibarung beueus cimata.

“Enya. Rumasa Akang nu salah, Is...” tungkul ngaheruk, hatè beuki rus-ras. Asa kaduhung nepikeun omongan. Asa teu nalipak maneh pisan.

“Abdi peryogi waktos nu lami nampi kanyataan. Geuning nyeri karaosna ari nu ambon sorangan mah, nya? Harepan nu tos kalintang luhur ngajaul, kedah dipupus saharita ku hujan cimata. Abdi nandangan kuciwa wiréh harepan teu laksana. Nanging, ahirna mah geuning waktos ogé nu ngajantenkeun abi sadar diri. Sakumaha beuratna duriat, pami sanés milik mah tangtos kedah pegat. Hapunten kang, hapunten pisan. Ayeuna mah, dina ayana ogé ieu rasa abdi ka Akang téh, teu langkung ti sawates duduluran. Atuh mugi janten kauninga, ayeuna abdi nuju kaiket jangji. Nyuhunkeun pidungana mugi Gusti Nu maha Agung marengkeun, ahir taun ieu tiasa ka balé nyungcung.” Euis neuteup bari jeung imut maur.

“Kahartos, Is... Hapunten akang, rumaos lepat.” maksakeun males imut.

“Keun, perkawis Dila mah, akang ulah salempang! Abdi rido janten panyalindunganana. Rumaos, abdi ogé nyaah ka Dila téh. Ayeuna mah urang silihdungakeun waé Kang, nya! kedah kieu nasibna panginten,” luk, Euis tungkul deui.

Jep, jempé. Sarua neuleuman rasa sewang-sewangan. Sabot padangabetem, ngadadak Dila ngulisik, bréh beunta, “Pa...!” cenah.
“Enya, bageur... Ih, tos gugah ningan. Uih, yu!” cékéng téh.

Emh, meni asa kabeneran, meni asa meunang alesan pikeun amitan.

Euis rikat nyusut cimata, laju muru Dila nu keur lulungu kénéh. “Aéh... nu gelis téh tos gugah. Obo deui waé, nya! Sakali-kali atuh, ngawengi di dieu,"

Nempo sikep Euis samodél kitu, haté mah asa beuki dilimpudan kaduhung nu ngagunung.

Kuniang, kuring nangtung. Tuluy ngadeukeutan, “Seueur ngarepotkeunana Is, ah. Wios, badé dibantun uih waé.”

Regeyeng, Dila dipangku. Teu kungsi lila, ngulahék dina taktak. Saré deui. Buru-buru amitan.
Euis jajap nepi ka panto hareup.

Sajajalan, teu genah rasa. Kutuk gendeng. Nampa kanyataan, kahayang jauh ngawang² tapi béhna mah nyuksruk niba lemah Sapada harita pisan. Ahirna mupuas diri sorangan, narima wawales ti Euis sok sanajan teu nampik sapajodogan. Nongtoréng, ngajelengéng, ngakukeun rasa sawates duduluran.

“Nasib, nasib...!” ***

Sabulan ti harita.

“Pa, aya uleman...” Dila ngasongkeun keretas ondangan.
Gep, ditampanan. Laju, dibaca. Ronghéap. Nempo ngaran Euis ngajeblag di jeroeunana. Rét kana tanggal. "Geuning minggu hareup manéhna rék kawinan, téh... Ongkoh cenah, ahir taun. Emh, bener-bener leungit harepan. Duh, nasib... Meni asa ngulinkeun pisan,"

Cunduk waktu ninggang mangsa, poé Ahad, Euis jadi pangantén. Balandongan jeung riasan, kitu deui dina méja ngabarak mangrupa asakan. Sakabéh nu aya, tatan-tatan geusan nampa nu rék seserahan.

Bejana pisalakieun Euis téh urang dayeuh, teuing kumaha jeung iraha panggihna. Alus milik deuih, cenah mah anak hiji-hijina jelema aya. Kabuktian pisan, nepi ka sagala waragad keur kawinan ogé, kabéh ditanggung ku calon mitohana. Euis mah mémang wanoja bageur, hadé tata hadé basa, geus sakuduna pinanggih bagja.

Najan haté hanjelu jeung timburu, tapi satékah polah dilelemu. Ahirna kalayan beurat, maksakeun ngahadiran nu rék walimahan. Ongkoh kapeto jadi panarima tamu ondangan.

Teu lila, burudul... Mobil rombongan calon pangantén datang. Jrut, kabèh pangeusina turun. Laju ngabaris méméh asup ka balandongan. Bréh katempo, kasep ogé pisalakieun Euis téh. Nurub cupu jeung Euis nu geulis.

Galindeng degung mimiti kapireng, mirig haleuang sindén mapag nu iring-iringan. Haté beuki ngarakacak, gelikna suling jeung kacapi nurih kana ati... Emh, teu sirikna bangun nu ngacak-ngacak, ngaburantak. Teu karasa, cimata nyangkrung, balas kadung.

Basa sasalaman jeung pisalakieun Euis, ngahaja rada lila patarema. Kahayang mah ngarangkul manéhna bari wakca. 'Mihapé, Euis. Ulah teuing dinyenyeri.' Tapi teu wasa, ukur gerentes jeroning ati.

“Éh, Dokter Marni! Apa kabar, Dok?” ceuk Mimin, nu sarwa kabagéan narima tamu basa sasalaman jeung hiji wanoja.

“Baik. Kamu...?” Éta wanoja bingung, katempo bangun nu nginget-nginget.

“Saya téh Mimin, temennya Euis,"
"Euis ...?" Pokna deui bari keukeuh kerung.
"Iyah, Euis ... Pasèn Ibu Dokter, tèa! Bu dokter téh lupa, yah?” Mimin nyaritana meni jiga nu hayang katangar, dumèh wawuh jeung gegedén.

“Oh, iya… Saya baru inget. Jadi, yang mau nikah sama keponakan saya tuh, Euis? Euis Ratna...? Temen kamu?”
"Iya, Dok... maenya lupa," ceuk Mimin bari sura-seuri.

Si Wanoja dumadakan rieuk pasemon. Laju gura-giru nyusul rombongan kulawarga pangantén lalaki.

Kuring ngarasa héran. Komo basa katempo éta wanoja nyarita jeung calon mitoha Euis, tina pasemonna kagambar bangun nu ngomongkeun hiji pasualan penting. Teuing naon nu geus ditepikeunana ... calon mitoha Euis ngadadak nitah nayaga ngeureunan tabeuhan degung, laju asup rurusuhan muru ka jero imah nepungan kulawarga Euis. Teg, jadi tugenah haté.

Sakabéh nu aya sarwa ngarasa héran. Patingraringeuh, patingkecewis. Naha ...? Aya naon ...? Kitu meureun nu aya dina pikiran sakabéhna. Sarua, dalah kuring ogé, panasaran kacida.

Sabot keur bararingung, dumadakan datang deui hiji wanoja ngora. Jangkung lenjang, buukna panjang dikacamata hideung. Sanggeus turun tina mobil bari ngajablogkeun panto, katempo leumpang rurusuhan nepi ka teu maliré kuring jeung panarima tamu lianna nu geus saged nangtung niat mapag ku ngajak sasalaman.

Geus satengah jam leuwih, nu di jero imah can kalaluar méré putusan kumaha saterusna. Beuki teu puguh p**ikiran. Aya naon, atuh? Kahayang mah milu asup, tapi sadar diri. Ari kuring saha, jeung naon urusanana? Ahirna, milih diuk deui bari teu kendat ngadunga.

Teu lila, katempo Bapana Euis kaluar, rarat-rérét sakeudeung, tuluy nyampeurkeun kuring. Pok nyarita, bari jeung rambisak cimata,

“Jang Maman, tulungan Bapa...” kituna téh, bari nungtun kuring ngajak asup ka jero imah.

Kasampak Euis keur nyegruk nangkeup indungna. Rét, ka pisalakieun Euis. Nu dirérét keur ngeluk tungkul, ngaréndéng jeung wanoja nu datang pangpandeurina tadi.

Nempo kuring datang, Euis nguniang. Laju, ngagabrug. “Kang, bedo nikah téh!” Euis nyuuh bari ceurik.

Bingung. Teu ngarti. Ukur ngajanteng saeneng-eneng.

“Euis adalah pasén saya. Dia diagnosa tidak akan bisa memberikan keturunan. Bukan sesuatu yang membahayakan, tapi kami sekeluarga sangat keberatan.” Dokter Marni nyarita daria.

Teu kungsi lila, calon mitoha Euis nyambung omongan kawuwuh pasemon muyung. “Salian ti éta, simkuring atas nami keluarga nyuhunkeun dihapunten ... Bet ku kaleresan, nembé nampi iber wiréh pun anak téh singhoréng parantos nirca. Atuh saterasna, mangrupi hiji kawajiban, pun anak kedah tanggung jawab kana hal anu tos dilakukeunana ka Néng Reni. Sanaos isin anu teu kapalang, nanging ku bedona acara nikahan ieu rupina langkung saé kanggo ka payunna. Utamina kanggo Euis, dipaparin jalan kanggo terang ti payun kumaha sajatina Hamdan, anak bapa ... Hapunten anu kasuhun, ka sadayana.” cenah, kituna téh diwuwuh ku rasa kuciwa.

Jep, jempé. Pangeusi rohangan taya nu betus omongan. Euis keukeuh nyegruk dina tangkeupan indungna.

Teu lila, srog, Pa Soma ngadeukeutan kuring bari nyarita. “Jang, acara kudu keukeuh lumangsung. Tulungan Bapa, ulah nepi ka wirang. Bapa apal, Jang Maman nyaah ka Euis.”
Acan ogé némbal ... Euis ngadadak ngudar rangkulan ka indungna, tuluy nyarita dibarung ragrag cimata, “Nanging abdi mah maol tiasa masihan katurunan...” kituna téh bari nungkupan beungeut.

Indung Euis milu nyarita, bari ngadeukeutan tuluy nyekel kana leungeun. “Kumaha Jang Maman, kersa...?”

Kuring teu ngawalon. Srog, nyampeurkeun Euis nu keur diuk bari ceurik balilihan. Brek, sideku hareupeunana. Ragamang, leungeun Euis dicekel. Bari neuteup manéhna, nanya nu sarua jeung harita.

“Is..., nyaah ka Dila?”
“Kantenan, Kang.” nginghak.
“Ka bapana...?”

Euis teu némbal. Ukur nyusut cimata, tuluy imut bari unggeuk. Gabrug, ngarangkul.

Clak,clak, cipanon mimiti maruragan. Unggal keclakna mangrupa bukti kabagjaan nu teu disangka-sangka ngadadak datang.

11/03/2025

_ASMARA BADÉGA_

"Badé teras ka mana, Bu?" Dani nanya sanggeus nu jadi dununganana diuk di jok tukang.
"Ka Sumedang, nya!" Témbal Mia singget.
"Mangga,"
Teu baha. Léok, ngénca. Bras, ka jalan Soekarno-Hatta. Mobil majuna antaré alatan patalimarga keur meujeuhna ramé.

"Badé lebet tol, manawi?" Dani nanya deui.
"Ulah ah, keur hayang loba titingalian,"
"Wios macet?"
"Teu nanaon,"
"Manga,"

Pasir koja. Reg, nyelang eureun. Lampu setopan warnana beureum. Tina kaca spion, Dani nempo Mia nu keur nyusutan cipanon. Beg, reuwas. Hayangeun nanya tapi teu wasa. Ahirna api-api teu apal, milih pokus netepkeun laju mobil dina sisi garis jalan aspal.

Palebah Caringin, ngarandeg deui sakeudeung, méré kasempetan beus nu kaluar ti parkiran geusan indit ka sabrang. Dani beuki teu puguh rarasaan, ngadéngé sora ceurik dunungan bangun nu ditahan. Nyegruk, beungeutna ditungkupan.

Liwat Cibaduyut, Dani ngarérét deui. Nyeblak, katara cipanon dununganana beuki murubut.
"Bu ...," ceuk Dani ngawanikeun manéh mikeun tissu.
Tissu ditampanan, tuluy dipaké nyusut nu ngamalir dina p**ina.
"Ka tol waé nya, Bu, macét pisan," ceuk Dani bari narik panel lampu rihting.
Nu ditanya ukur ngajawab ku unggeuk.

Nincak jalan Muhamad Toha, Mia geus saat cimata. Ngahuleng jentul kawuwuh carindul.
Mobil sédan beureum ati, laju nyemprung muru ka Cileunyi. Sajongjongan, simpé. taya guneman, bangun haré-haré

Dani keukeuh nyupiran, haténa kebek ku panasaran ngeunaan sikep nu jadi dunungan.

Teu kungsi lila, Mia ngadadak kutuk gendeng dibarengan meupeus keuyang.
"Kasebelan! Dasar teu uyahan! Hayang ngeunahna wungkul, siah?" pokna diémbohan ku ngabeubeutkeun HP.

Dani ngaronghéap, teu wani nanya, ngarasa sieun salah ucap. Apal kana adatna, najan hadé rupa tapi boga sipat bedegong anu kacida.

"Sakedap nya, Bu, béngsinna bilih teu cekap." ceuk Dani bari asup ka rest area.
Sabenerna lian ti rék ngeusi béngsin téh, hayang mangmeulikeun cai inuman ogé. Itung-itung rasa haat ka nu dipihormat.
Reg, hareupeun mini market, méméh muka panto, nyelang heula rérét. Dani ngaronghéap, basa nangénan Mia keur neuteup dirina kalayan anteb. Bari ngélémés, pok nyarita, "Sakedap nya, Bu, aya nu badé dipésér."
Mia unggeuk bari tuluy memener buuk. Sanggeus Dani ngoloyong ..., jrut, milu turun muru ka toilét.

Réngsé barangbeuli, Dani gagancangan balik deui. Tuluy anjeucleu tukangeun setir, ngadagoan nu ti kamar mandi.
Teu kungsi lila, Mia katempo ngadeukeutan. Leumpang lir macan teu nangan, buukna katebak angin ririaban sakapeung ngahalangan tetempoan. Sakali mangsa, bréh, atra gamulengna beungeut Mia, geulis pisan.
Dani kajongjonan nyawang nu lenjang, dumadakan marojéngja, p**ikiranana kumalayang teu puguh teuing ka mana. Geus lila sabenerna mah, di sagédéngeun rasa ajrih, dina haténa ogé nyidem rasa nu lian ilaharna nonoman. "Emh éta bangirna." Dani ngagerentes, glek, neureuy ciduh, nempo Mia ngarenyu imut basa ditawaran dahareun ku nu dagang sisi jalan. "Astagpirulloh ..." cenah, bari ngusap beungeut sababaraha kali.

Barang geus deukeut, Mia muka panto mobil anu hareup. Gék, gigireun Dani. "Yu, jalan!" pokna bari maut tissu tina dashboard.
Sabenerna Dani rada héran, duméh dunungan ngadadak pindah diuk jadi ka hareup, tapi teu ieu jadi pikiran nu manjang milih ngantep karep.

"Ngaliwat Cadas Pangéran nya, Dan!"
"Mangga, Bu,"
Dius, mobil nyemprung deui nuluykeun lampah.

Nepi ka pertelon Cileunyi, meuntas kalayan ati-ati. Maju alon-alon. Léok, ka katuhu, nuturkeun beus jurusan Cirebon.

Tanjungsari geus kaliwatan, saterusna anjog ka Cadas Pangéran.
"Hirup kuring mah teu béda jeung jalan nu ayeuna keur disorang. Pungkal-péngkol, malibir pasir ngaliwatan gurawésna jungkrang, Dan,"
"Maksadna, Bu?"
"Rumasa loba ékol, jaba pinuh ku kahariwang." Ceuk Mia bari ngaheruk.
"Ah Ibu mah, sakitu raosna téh, nya... Naha bet aya hariwang sagalarupi,"
"Nu katempo, biasana ngabobodo! Jigana mah senang, padahal saéstuna mah, Kami ..." nyaritana teu kebat, nyelang deui ngusap cimata.
"Hapunten anu kasuhun, Bu,"
"Cumah loba harta banda gé ari batin kasiksa mah, Dan,"
"Muhun, leres pisan,"
"Sakapeung mah asa hayang indit sing jauh, hirup nyingkur ngarah tiis ceuli hérang mata, ninggalkeun sagalana. Capé, kami téh, Dan, Capé!"
"Eu ...,"
"Awéwé simpenan atuh ..., apal meureunan, lin?"
Gebeg, Dani ngarénjag. Teu nyangka bet ngadéngé omongan samodél kitu. Rét, ka manéhna. Nu dirérét tibang ngabalieur.
"Janten, ibu téh,"
"Enya, geus tilu taun," témbalna bari keukeuh nempo gawir di kéncaeun jalan.

Heueuh ari kituna mah Dani teu apal téa, pan gawé ka manéhna ogé kakara sabulan. Disangkana Pa Ridwan téh salaki Mia najan jarang aya di imah ogé. Rajeun datang sok tara lila, teu sirikna ngadon meuting wungkul, dina saminggu dua kali.

"Dan, ngalamun atawa nyupiran?" Mia nanya bari melong.
"Nyupiran atuh, Bu ... Piraku abdi ngalamun mah, bahaya," témbal Dani bari imut.
"Hayang boga budak kami téh ... Kacipta nya, bureuyeung mamaké daster, leumpang meuyeugeung. Tapi najan kitu, nampa kaasih nu leuwih ti nu jadi salaki, dipikanyaah unggal wayah. Emh, kabayang ... Hasil USG, orok téh pibakaleunana awéwé, atuh kami téh sasadian baju nu lalucu meureun, can deuih nyiapkeun kamar husus nu dipulas kayas, digambaran Cinderella atawa Putri Salju ... katambah bonéka ngajajar dina lomari. Emh, Gusti ....." pokna kawuwuh ngalimba.
"Naon sesahna atuh, Bu? Kantun langkung rinéh sareng Bapa,"
"Pamohalan, Dan, mun enya ogé manéhna aya niat nu bener mah meureun geus lila kami téh boga budak. Ayeuna mah geus pupus harepan ngawangun kulawarga jeung dirina téh,"
"Duh, hawatos teuing," ceuk Dani milu ngaheruk.
Mia ngarérét sakeudeung, bangun hayang neuleuman rarasaan nu jadi supirna.
"Tadi méméh indit, ngalaman heula paséa nu rongkah. Harita mah ngadadak gilig ménta eunggeusan, geus teu kuat ku kaayaan, kami téh!"
"Nyuhunkeun pirak maksadna? Duh, diémut deui, Bu,"
"Ih ari manéh, pirak ti mana judulna? Apan kawin ogé hanteu! Barina ogé geus meunang mikir ti angalna, geus dibeuweung diutahkeun! Baé ah, moal ngarasa kaduhung, cadu ngalétak ciduh! Pangpangna mah ... Ah, geus teu kuat, wé,"
Jep, jempé, tapi padagalécok sorangan jeroeun haté séwang-séwangan.

Méh anjog puseur dayeuh Sumedang, keukeuh can aya nu kedal omongan.
Nalika ngaliwatan Tugu Makuta Binokasih, Mia nitah ngalonan laju kandaraan. Panonna museur ngawaskeun. Pok nyarita, "Iraha kami maké siger? Direncéng-rencéng jadi pangantén?"
"Rupina moal sesah, ibu anom kénéh, raraosan mah teu aya cawadeunana. Aeh, punten ...." Dani reuwas kareureuhnakeun.
"Naon? Cikan sakali deui!"
"Eu, eu, ...., badé via kota, atanapi méngkol ieu téh, Bu?" témbal Dani malibirkeun omongan.
"Ih, manéh mah ...., Ngénca, Dan!" walon Mia saeutik hanjelu.
Léok mobil méngkol. Lajuna teu pati nyemprung.

"Dan ... Ah, henteu kétang!" Mia bangun asa-asa.
"Kumaha, Bu, badé nyarios naon?"
"Hmm, kira-kirana Dani daék jadi salaki Ibu?"
Galéong, mobil ngagaléong, tayohna mah Dani ngarasa reuwaseun.
"Kunaon, Dan?"
"Punten Bu, aya lombang nembé téh," pokna alesan.
"Oh, kadé ah! Sugan téa ....Kumaha? Narima, teu?" tanya Mia bari malédog imut.
Rét, Dani ngarérét Mia sakeudeung. Tuluy ngabalieur, teu wasa nempo cureuleukna jeung imut nu ngagelenyu. Dumadakan rampang-reumpeung sorangan.
"Teu kudu ngajawab ayeuna, kétang! Iraha-iraha deui wé, Dan!"
"Leres patarosan ibu, téh?" Dani ngawanikeun manéh malik nanya.
"Ih, maké jeung teu percaya sagala, serius atuh. Ari kudu balaka mah ti awal panggih gé geus neundeun resep ka Dani téh,"
"Ah, ibu mah ...." ceuk Dani. Beungeutna ngadadak bareubeu.
"Piraku kami kudu susumpahan?"

Sanggeus ngaliwatan Gunung Kunci, laju bangblas mapay Bépas. Dani ngemu kabungah jeroning ati sok sanajan dilimpudan reuwas jeung baluas.
Lar, ka hareupeun Terminal Ciakar, keukeuh teu percaya, hareugeueun duméh dilamar.
Najan teu pati gancang, ahirna nepi ka bunderan Alam Sari. Sanajan bungah pisan, tapi Dani nalipak manéh, sadar diri

Mangsa surup layung di tutugan gunung, sanggeus ngaliwatan sababaraha toangan ahirna nepi ka jugjugan. Lembur nu kaitung nyingkur. Jalanna heureut, pungkal-péngkol, nanjak-mudun tapi leucir balas diaspal.
Mobil majuna langsam, Dani ngarasa hariwang mun seug ngalaman pasanggrok jeung nu lian, inggis teu mahi sanajan nyisi.

Imah ngajajar sapanjang sisieun jalan, laleutik tapi resik. Katempona lucu, kénca katuhu dibénténgan ku batu. Di unggal buruanana méh kabéh dipapaés ku kekembangan jeung pepelakan lian.
Dumadakan ngarasa betah, saban panggih jeung wargana pada soméah, teu weléh arimut bari unggeuk, saterusna mencrong bangun nu héraneun.
Katingali tina spion, jiga nu tuluy patinggerendeng, silihtanya meureunan, 'mobil alus nu ngaliwat téh rék ka teun saha?'

Basa anjog ka imah panggung nu papanna dicét héjo, Mia ngadadak nitah eureun. Reg, ngarandeg. Nu boga imahna katempo kerung bari ngawaskeun tina golodog. Leungeun Mia gura-giru mencét 'tombol power window'. Barang kacana muka, pok nyelengkeung. "Sentin ...! Kami balik!" Nu digero rungah-ringeuh. Nelek-nelek ti kajauhan. "Ieu kami!" pokna deui bari ngalésotkeun kacamata.
"Euleuh-euleuh ... Mia, éta téh?" témbalna bari nyampeurkeun.
"Heueuh!" ceuk Mia bari tuluy muka panto.
Gabrug, silihrangkul.
Dani ukur ngawaskeun ti satukangeun setir. Teg, boga panyangka, mun teu dulurna, manakitu ogé geus tangtu sobat dalitna.
"Asa dibedil langit, kalinglap kami mah, iyeuh! Sugan téh saha. Emh meni gamuleng kieu, abong nu beunghar, nyah!"
"Ah, manéh mah, Tin ...."
"Hain, rék lila di lembur téh?" ceuk Entin aléwoh.
"Sabetahna sugan, hayang reureuh, capé digawé waé!"
"Tah kitu, atuh! Aéh, sareng akangna geuning? Kenalkeun atuh, ih! Da moal direbut ieuh," ceuk Entin bari nengo ka jero mobil.
Beg, Dani reuwaseun, tapi satékah polah ngawasa diri. Rét ka Mia nu malikkeun awak nyelang panenjo ka dirina, "Enya, éh geus heula, nya ... Ka imah, kéh! Urang ngobrol! Mun aya mah bari sakalian mawa kulub suuk,"
"Heug atuh ari kitu mah, kabeneran deuih, is**an téh rék ka kebon. Ké dipangalakeun,"
"Geus heula, nya. Omat, ulah teu ka imah!"
"Heueuh ..."

Sanggeus di jero mobil deui, Mia sura-seuri. "Ébél, Si Sentin mah!" cénah.
Dani ukur kéom.

Geuleuyeung, mobil dipajukeun deui. Teu kungsi lila tuluy asup ka palataran hiji imah nu kaitung pangalusna di éta patempatan.
"Tuh geuning, Ema nuju niis!" omongna bari nunjuk ka awéwé tengah tuwuh nu keur sidéngdang di tepas.

Bi Irah nangtung bari kerung, barang ningali anakna nu turun, manéhna marahmay bungah tuluy muru satengah lumpat. "Tobat teuing, anak aing nu datang téh, geuning! Lain ngiberan ti anggalna atuh, Nyai,"
"Ngahaja Ma, kumaha damang?" témbal Mia bari ngagabrug.
"Cageur, Nyi. Yap, kadieu! Emh, bagja teuing," kituna téh bari ngaléng, tuluy ngoloyong muru ka imah. Teu lila ngarandeg deui. "Aéh, ari itu saha?" tanya Bi Irah bari nunjuk Dani.
Solongkrong, Dani nyampeurkeun. Tuluy ngajak sasalaman kalayan ajrih pisan.

"Ieu Dani, Ma," témbal Mia singget.
"Anyar deui, sugan?" ceuk Bi Irah satengah ngaharéwos. "Hayu Sujang, cuang ka imah, ambéh rinéh!"
"Mangga tipayun, badé ngalungsurkeun heula cacandakan," témbal Dani.

Méméh Magrib, langit katara rieuk. Lian ti mimiti kasimbutan jangjang peuting, katambahan ogé ku angkeubna pihujaneun.
Dani Hareugeueun. Aya kamelang, ngarasa teu tatag mun kudu tuluy mulang. Kasawang, dina gebrétna hujan nyorang toangan jeung jungkrang sosoranganan, mangkaning kakara, jaba loba parapatan jeung pertelon nu diliwatan, inggis kalangsu teu apal jalan pangbalikan. "Mending is**an waé, kajeun ngadon saré di masigit peuting ieu mah," gerentesna bari nyawang buruan.

Regot cikopi nu kari saparapatna deui, diuyup tangka béak. Jekrés, nyundutkeun roko nu kasakitu kalina. Dayagdag, nyarandékeun awak kana korsi.

Can gé béak sabatang, gebrét, hujan lir dicicikeun ti langit diwuwuh séahna angin. Torojol, nu ti kamar kalaluar. Bi Irah muru tepas, haripeut nyokotan sendal, sangkan teu palid kabawa cihujan

"Nyai, lain sina ka jero atuh,"
"Enya, nya, yap kadieu! Sawér di luar mah," Mia mairan.
Sup, Dani ka tengah imah. Sanggeus ngadeukeutan Mia, pok nepikeun omongan satengah ngaharéwos.
"Duh, kumaha nya, rupina moal tiasa wangsul abdi téh," ceuk Dani semu ngalengis.
"Ih, ai kamu! Barina ogé saha nu nitah balik? Wayahna ngéndong, tong mikiran balik! jigana urang rada lila di lembur, itung-itung liburan!"
"O, kitu? Teras abdi kumaha?" Dani jiga nu bingung.
"Kumaha engké waé lah,"

Sabot patinggerendeng, sup indung Mia ka tengah imah, pok ngomong bangun ngagareuwahkeun, "Sina istirahat mendingan, tuh, di kamar nyai! kamar hareup mah tara diberesihan,"
"Wios Ma, dina korsi waé, abdi mah. Raos, ongkoh tos biasa mondokna sok wengi pisan deuih," témbal Dani bari ngoloyong muru korsi.
Bi Irah ukur mésem, tuluy ngaléos muru ka pawon deui.
Srog, Mia ngadeukeutan Dani. Gék diuk di gigireunana. Sajongjongan taya basa, tapi Dani tugenah rasa anu kacida. Tuluy samar polah, dumeh Mia neuteup anteb ka dirina.

Gap kana gelas kopi. Regot, diinum deui. Dani pohoeun, pan cikopi téh geus kari dedekna. Gura-giru diteundeun deui.
Mia imut, bangun kagugu. "Éta kopi, dina kumis!" Pokna bari nunjuk ku gado..
Dani haget nyusut kumis ipisna kawuwuh geumpeur.
"Kumaha, Bu, tos teu aya?" ceuk Dani bari nyanghareup.
"Ih, kamu mah, ieu yeuh!" ceuk Mia bari tuluy nyusut sésa kopi.
Dani ngaronghéap teu nyangka Mia bakal kitu peta

"Dan, wayahna nya, ti mimiti ayeuna mah rék nyeluk akang"
"Duh, ararisin teuing atuh, Bu,"
"Ih, minimal keur saheulaaneun, ngaragangan ema,"
"Kumaha, nya?"
"Alah... Enya kituh! Santéy waé, keun da moal nanaon ieuh,"
Rét, ka Mia. Ku harita mah Dani wani neuteup awahing ku hayang neuleuman eusi haté nu jadi dunungan.
Sedeng Mia, dumadakan surser tugenah rarasaan nampa teuteupan ti nu gandang.
"Tulungan, nya," ceuk Mia bari malik neuteup kawuwuh miharep.
"Mangga, atuh pami kitu mah, mung hapunten pisan sateuacanna, sanés hartos abdi celedog,"
"Enya, teu nanaon. Éh, hiji deui!"
"Naon téa, Bu?" Dani kerung.
"Éta tah, ulah nyebut ibu atuh ...." walon Mia semu ogo.
"Teras kedah nyebat naon ari abdi?"
"Eu.... Nyebut Néng, ké! Nyai, ke! Atawa béb, sugan," ceuk Mia bari imut marahmay.
"Duh, calutak téa pami kitu mah,"
"Hmmm, pokona ti samet ayeuna, hubungan di antara urang lain sasaha. Kumaha waé carana sangkan jiga pasangan, nya,"
"Eu...."
"Emang kamu teu resep ka sayah?" Mia mencrong
"Ah, ibu mah," Dani bareubeu.
"Tuh, geus ibu deui waé,"
"Hilap, punten. Ongkoh ngaraos bingung ieu téh, kedah nyebat naon?"
"Paling resep mun geus sebut nyai, atawa nyi! Asa kumaha kitu tah,"
"O, mangga Bu, éh Nyi,"
"Sakali deui ah, sok nu bener!" Ceuk Mia bari memenyéng tungtung kaméja Dani.
"Muhun mangga, Nyi, akang kersa," témbal Dani natag-natagkeun manéh.
"Aiiiih, so sweet ....." walon Mia bari nyiwit p**i Dani.
Dani ukur mésem. Jajantungna ratug, samar rasa samar rampa.

"Nuhun nya, Dan," ceuk Mia bari nyuuh kana dada Dani.
Dani teu wasa nyaram ka nu ngaléndéan. Satékah polah ngawasa diri, awahing teu puguh rasa dumadakan.
"Dan, tadi ema nyarios, kataji cenah. Keur kasép téh sopan deuih, samalah nyebatkeun teu salah milih sagala," ceuk Mia, nyaritana bari keukeuh teu leupas naleukeuman.
"Duh, kumaha atuh, nya"
"Ah teu kukumaha, keun wé atuh,"
"Nanging ..."
"Geus teu kudu loba mikir, heueuhan wé, itung-itung nyenangkeun nu jadi indung jeung nulungan abi,"

Leng, Dani ngahuleng. Tuluy unggeuk bari kedal omongan, "ngiringan kumaha saéna abdi mah," sora Dani dareuda.
"Rumasa salah, tara mindeng balik nepungan kolot nu kari hiji-hijina, ukur ngiriman jeung nedunan paméntana. Ngeunaan kahirupan, Ema mah tara dibéré nyaho, kaasup ngeunaan salaki. Apal sorangan meureun, alesanana? Ema mah nyahona téh kuring cageur bener wé, padahal ..."
"Kahartos ...."
"Wayahna nya, tulungan,"
"Mangga, Bu ..."
Jep, taya omongan. Mia kalahka jiga nu betah ngaléndéan Dani, sedeng nu diléndéan laun-laun narima kalayan kabungahan.

Tabuh dalapan, peuting harita. Di luar ngaririncik, mirig lajuna peuting. Mia teu sirikna jiga budak sasaréan bari nangkeup indungna. Ngalubarkeun kasono téa meureun, dumeh geus lila teu panggih.

Sedeng Dani gogoléran sorangan di jero kamar, anteng ngahérang. Bodasna éntérnit nu nutupan lalangit, bet jiga layar sinema dua satu anu mintonkeun film india dina adegan lagu. Ngalalajoanan sorangan pédah dirina jeung Mia nu boga peran, dua nonoman keur kasmaran.
Teu sirikna jiga Shahrukh Khan jeung Aishwarya Ray. Silih udag di mumunggang kawuwuh imut marahmay. Hamko hamise chura lo, Dani sura-seuri sorangan kawas nu gélo. Berebet, Mia lumpat ninggalkeun dilak nu matak nyeblak. Dani haget ngudag, barang geus deukeut, kerewek ditangkeup ti tukang. Mia teu ieuh nolak, ngahénén dina tangkeupan. Celengok, Dani nyium beuheung Mia nu héjo carulang, leungeunna ngagulusur malibir sisi pinareup. Mia peureum, ambekanana katempo bangun nu sesek. Koléséd, ngudar rangkulan laju indit ngajauhan, lumpat binarung imut sinebaran. Dani nangtung sajongjongan, neuteup nu lenjang kawuwuh sikep ogoan.

Les, pintonan leungit dumadakan. Saterusna, Dani narik napas jero nakeranan. Ras inget ka diri sorangan, sadar sagemblengna ngeunaan saha jeung kumaha. Teu mungkir, atohna mah atoh ... Asa kagunturan madu, karagragan menyan bodas. Dani ngadadak ngaronghéap, rasa melang jeung hariwang ujug-ujug datang meuraykeun kabungahan.
"Boa-boa nu keur dialaman téh ukur impian dina saré pabeubeurang. Éndahna ukur sakedapan laju ngahiang sabada hudang. Palangsiang saharitaeun, ukur salila aya di lembur, balik deui ka kota mah robah genti cara biasa. Lain nu keur silih pikacinta, tapi dunungan jeung badéga." gerentes Dani ditungtungan rumahuh.

Lamunan leungit sapada harita. Dani ngagurinjal basa Mia ngetrok panto ti luar.
"Kang, kang ...! Buka pantona! Ih, maenya wayah kieu tos kulem mah? Diantos ku Ema, tuang heula!"
"Mangga, Nyi, ké sakedap," témbal Dani bari rurusuhan muru panto.

Barang bray, Mia olohok mata simeuteun, teu lila ngabalieur bari nyarita. "Diacuk heula ih, urang tuang!" cenah.
Gebeg, Dani ngarénjag, kakara sadar kana kaayaan duméh maké calana panjang wungkul.

Di rohangan tukang.
Gék, Dani diuk ngaréndéng jeung Mia. Dahareun geus sadia. Sangu timbel nyanding sambel. Deungeunna tumis kangkung, goréng guramé, jeung mangrupa lalaban.
"Sok Jang, tong asa-asa! Wayahna saaya-aya bongan teu ngiberan heula, atuda. " ceuk Bi Irah, daréhdéh.
"Mangga, Ma,"

Mia hideng mangalaskeun, nyiuk sangu anu ngebul kénéh. "Sambelan, nya? Ieu sambel kénging ngadamel Ema, pokona dijamin raos geura, moal aya tandingna." ceuk Mia. Tuluy mikeun piring nu geus aya eusian.
"O, kitu? Cikan urang cobian," témbal Dani bari nampanan.
Sanggeus nyomot sangu, laju dicocolkeun kana sambel, blem dihuapkeun. Sajongjongan nyapék bari ngararasakeun. "Emh, muhun ... Langkung raos ti sambel nu aya di léstoran," ceuk Dani bari ngosom.
"Ah ujang, mah ...." Ma Irah kapiasem.
"Muhun, Ma, sanés pédah payuneun, raos pisan! Éh, Nyi, émut teu waktos urang tuang di léstoran Paranti nu di payuneun Bank Mandiri téa, ningan?"
"Eu, enya, kumaha kitu, kang?" walon Mia rada ngahuleng.
"Manawi téh sambel éta nu pangraosna, singhoréng kawon ku sambelna ema,"
"O, enya, padahal akang waktos éta dugi ka nambih sababaraha kali, nya?" ceuk Mia, mairan sanggeus ngarasa surti.

Heueh, duanana ogé padangabohong ngeunaan léstoran nu keur omongkeun. Tapi di sajeroning éta, Mia muji duméh Dani pinter ngala haté indungna. Pinter ogé manggih cara sangkan leupas tina kagok jeung éra, nu ahirna lumaku loma teu jiga panggih kakara.
Mia teu pati loba huap, ébat ku polah Dani nu katempo beuki akrab jeung indungna. Paneuteupna pindah piligenti, rét ka Dani rét ka nu jadi indung, dalahar bari paguneman. Katempo pisan tina sikep jeung sorot panonna némbongkeun kabungah nu keur dirasa. Mia reueus taya padana, bagja sugema ngalagena dina haténa.

"Tuangna sing leres atuh, Nyi, cobian geura yeuh tumis kangkungna! Dijamin raos," ceuk Dani ngagebah nu keur malaweung.
Song, Dani ngalas tumis kana piring Mia.
"Ih, naha janten akang nu langkung uninga, ieu téh?" pokna bari mésem.
Sabot kitu, Ma Irah nyela omongan, "Ditingali-tingali téh, jiga nu keur bobogohan waé atuh. Emh, ema atoh, deuleun! Mihapé budak ema nya, Sujang!" cenah bari neuteup Dani anteb nakeranan. Laju nyusul omongan, "Najan kakara panggih, tapi Ema yakin, hidep téh jelema bageur. Sok, ema ngaridoan,"
"Ah, Ema ... Hayu, urang hanca!" témpas Mia kawuwuh bareubeu.
"Muhun, mangga atuh, Ma!" ceuk Dani milu mairan.
"Aya bahan ponyo kami, yeuh!" Ma Irah kéom.

Réngsé balakécrakan, Dani amitan miheulaan pindah ka tengah imah ninggalkeun ma Irah jeung Mia nu rék bébérés.
Gék, Dani diuk dina korsi. Kusiwel ngaluarkeun roko. Pelenyun, haseupna bangun nu ngelun. Tumaninah ngararasakeun kabungah.

"Badé ngopi deui, Kang?" Mia nyelengkeung ti pawon.
"Mangga, Nyi," témbalna bari seuri konéng.

Srong, Mia nyuguhan kopi. Srong deui, Bi Irah nambahan lalawuh, seupan boléd jeung seupan sampeu. Laju guk-gék nyanghareupan méja. Saterusna ngobrol ngalér-ngidul patéma jeung sempal guyon gogonjakan.

Méh tabuh sabelas peuting. Dimimitian ku angin nu nyéak laju hujan turun maralak.
"Deuh, abong usum ngijih, hujan deui geuningan. Sok kainyah, ah, Ema mah tiheula. Geus tunduh!" cenah bari nguniang.
"Abdi mondok sareng Ema, ah! Wios nya, Kang? Étang-étang sosonoan," ceuk Mia bari bari ngarérét ka Dani
"Ih, kawas bolon waé, pan enggeus tadi téh lin?" Ma Irah ngagebés.
"Mangga, Nyi, teu sawios, meumpeung di dieu." ceuk Dani bari imut.
Duanana laju asup ka kamar, ninggalkeun Dani di tengah imah. Plong, haténa ngadadak ngemplong. Satadina geus teu puguh p**ikiran. Pisakumaheun mun seug manéhna saré saenggon.

Sanggeus méakkeun roko, Dani muru kamar bari ngagerentes, "ari dirasa-rasa mah awak téh capé ogé balas nyupiran méh sapopoé."

Sup ka kamar. Blug, nutupkeun panto. Koloyong muru ranjang. Blak, nangkarak.
Séréngéh seuri sorangan, inget kana omongan Si Ema basa ngobrol di tengah imah, "is**an mah urang syukuran, nyah! Ngondang tatangga wé, cuang ngadunga babarengan pikeun kalanggengan jeung kabagjaan maranéh duaan," cenah.

"Beu! Nepi ka kituna."
Rumahuh. Atohna mah atoh, tapi da keukeuh asa nginggiapeun sabab nu keur dilakonan ku Mia jeung dirina téh ukur nyandiwara.
Bréh, ngalangkang deui ngeunaan Mia... Dédéngéeun pisan nalika nyeluk akang, tina lentongna bangun didasaran ku kanyaah ka nu jadi pasangan. Teu jiga nu api-api, éstu lahir tina sanubari. Matak eundeur jajantung ku ngareungeuna. Matak ngaronghéap dina témpona ngahiap.
"Teu nyangka sacongo buuk, aing ngalaman jadi salakina sanajan ukur bobodoan." Dani ngarentes deui.
Bréh, waktu Mia mangalaskeun sangu. Ngarasa beuki katarik ati pédah jiga nu ngabakti pisan ka salaki. Kitu deui nalika nawaran kopi, sahinasna pisan lain jijieunan. Komo basa ngobrol di tengah imah mah, lian ti ngaréndéng pagégéyé téh Mia ngeukeuweuk leungeunna sagala. Matak bener ceuk Si Ema, jiga nu keur bobogohan, cenah.
"Kateuing, ah! Mending molor ayeuna mah, nu séjénna mah kumaengké!" Ceuk Dani bari narik salimbut nutupan awakna.

Teuing jam sabaraha, Dani lilir pédah ngadéngé aya nu muka panto. barang nyah, kasampak Mia keur ngajanteng di tunjangeunana.
"Ibu ...?" pokna bari nguniang.
"Obat nyamuk, Dan, loba reungit di dieu mah. Tah, di dieu nya!" pokna bari neundeun di deukeut lomari.
"Hatur nuhun, Bu," walon Dani bari neuteup nu ngoloyong.
Méméh nepi ka lawang panto, Mia ngarandeg. Sanggeus malikkeun awak, pok nyarita najan teu kebat, "Dan ... ah henteu kétang," cenah.
"Ih, baku ibu mah, nya,"

Gék, ahirna Mia diuk sisieun ranjang. "Nuhun, nya!" cenah.
"Nuhun kanggo naon?"
"Dani gé apal, meureun ... Ema nepi ka teu boga pikiran keur dibohongan,"
"Oh, teu kedah janten émutan éta mah,"
"Enya, tapi keukeuh teu weléh jadi katugenah. Hampura, nya,"
"Teu sawios, Bu,"
Jep, jempé. Duanana pada ngabetem. Teu lila, Mia miheulaan nyarita.
"Di,"
"Kulan,"
"Ieu mah rék nanya, tapi jawab sing jujur!"
"Naros naon téa, nya,"
Sakedapan Mia mencrong. Sedeng nu dipencrong kalahka samar rasa samar peta. Balieur, Dani miceun beungeut awahing teu kuat nadah teuteupan.
"Ari Dani bogoh teu, ka ibu?"
"Eu ...,"
"Jawab, Dan! Ari kudu balaka mah, sabenerna rumasa geus beuki katarik ati ku Dani téh. Piraku Dani teu surti?"
"Eu ... Duh, kumaha nya?"
"Sok, jawab! Saméméh urang ngaléngkah leuwih jauh,"
"Maksadna?"
"Apan tadi ceuk Ema rék syukuran, cenah. Lian ti éta, ngarah teu ngarasa ambon sorangan deuih."
Bep, balem. Ngarasa bingung teuing kudu kumaha Dani ngajawabna.
"Ih, kalah ngalamun! Nya atuh kétang, teu nanaon. Teu kudu dibahas deui, ku cicingna gé geus cukup jadi jawaban. Nuhun, nya! Hampura Ibu," pokna bari nguniang.

Méméh ngoloyong, gap, leungeun Mia rikat dicekel. Mia ngarandeg. Duanana nangtung pahareup-hareup bari jeung deukeut.
Dani gilig kedal rasa dina waktu harita, sok sanajan pibakaleunana teuing kumaha.
"Sanés teu surti kana sikep sareng perhatosan salira salami ieu, malihan mah éta pisan nu ngajantenkeun abdi gaduh rasa anu langkung ti misti. Rumaos, dalah abdi gé sami, tos lami ogé nyidem duriat. Teu siang-teu wengi, kasiksa ku rasa nyalira. Nanging sadayana ukur disidem, teu wantun meredih anu langkung. Daripada abdi tambih kasiksa, langkung saé ngandelan sadar sareng satékah polah nyinglarkeun rasa nu aya. Pamohalan téa ... Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, nyiuk cai ku ayakan. Antawis urang, teu bénten sareng kérak ngalawan merak, bonténg ngalawan kadu. Nalipak manéh abdi mah. Nanging, perkawis rasa mah sami. Ayeuna balaka kalayan sadar sagemblengna, mugi ulah janten kuciwa wiréh abdi leres mikacinta salira. Kalayan karumaosan, nyanggakeun beuheung teukteukeun suku genténg belokeun, abdi nampi sagala kaputusan, bilih salira janten jaheut manah ku sikep abdi nu campelak, wengi ieu kénéh badé undur ti payuneun salira."
Mia teu wasa némbal, cipanonna geus nyangkrung ti tadi mula. Gabrug, ngarangkul. Laju nyegruk.
"Hapunten abdi, Bu, wiréh parantos kumawantun,"
Mia teu némbal, tapi karasa rangkulanana beuki pageuh. Teu lila, kapireng sora ceurikna.
"Bu, naha nangis?" ceuk Dani bari ngudar rangkulan.
"Teuing ah, maké nanya," pokna bari nyusut cimata kawuwuh imut kaisinan.
Ragamang, leungeun Dani nyusut cipanon Mia nu nyésa dina p**ina. "Tos ah, teu kedah nangis, mugi ieu cisoca nu panungtungan. Saterasna abdi neda widi kanggo nyarengan salira dina nyorang kahirupan,"

Mia unggek, tuluy tanggah. Treup, adu teuteupan. Ragamang, leungeunna meulit kana cangkéng Dani.
Dani Surti, laju patangkeup.
Ketug jajantung padaratug. Reup Mia peureum basa bengeut Dani beuki deukeut. Hawa rénghap karasa haneut kana p**i laju nyalusup mubus jajantung saméméh paambung. Ambekan teu aturan, ilang wirahma, nalika Mia jeung Dani satangtung leupas pangacian dilimpudan gandrung.
Usap jeung rénghap, jadi pamicu seuneu birahi léléntaban, ngajurung dua nonoman silihlubar kacinta nu salila ieu kasidem jeroning rasa.
Batu turun keusik naék, Mia purun Dani daék. Duanana ngawang-ngawang najan teu sataranjang. Laju nyirorot nembus sagara, beuki teu sadar teuleum muru ka dasar.

Jelegér! sora petir handaruan, ngagareuwahkeun nu silihgaléntoran. Pada ngarénjag. Saterusna patingkélémés.

"Tos wengi, Nyi, mangga bilih badé leleson mah," ceuk Dani sanggeus ngawasa diri
"Enya, kang ... Aéh, di dieu atawa di kamar Ema?" walon Mia bari ngadilak.
"Sanés teu hoyong disarengan, langkung saé urang sami-sami sabar dugi ka waktosna, nya?"
"Mangga, Kang,"
Srog, Dani ngadeukeutan deui. Celengok, nyium tarang Mia. "Wilujeng wengi, nyi," sorana dareuda
"Wilujeng wengi ogé, kang, mangga dikantun," témbal Mia halon.

Blug, Mia nutupkeun panto, bareng jeung nutupkeun kahayangna nu lian. Sugan téa Dani téh jajaka nu babari kabita, hanas dirina geus sadia geusan ngajak ngalalana nyungsi alam asmaragama nu éndah tur genah. Aya kuciwa, hanas satadina rék sumerah diri geusan mondok moék bari jeung panto dikonci. Aya handeueul dina haténa, pédah naon nu geus dimimitian teu cacap nepika panganggeusan.

Mia narik napas jero nakeran, ngeunaan Dani manéhna ngadadak robah p**ikiran. Tumuwuh kareueus jeung muji bébéakan. Mana kitu ogé, manéhna lain jajaka nu babarian éstu ngajaga rasa awahing mikacinta dirina.
Belenyéh Mia imut sorangan. Laju ngaléos muru ka kamar tukang.

Kitu deui Dani, saditinggalkeunana ku Mia. Haténa galécok, pikirna ngarancabang.
"Bodo, aing bodo! Hadeuh, padahal Mia sakitu geus roronghéapan, naha kalahka eunggeusan. Kaduhung wéh padahal mah, duh ... Jadin téh, ngadadak nyeri cangkéng kieu." ceuk Dani kutuk gendeng bari élékésékéng.
Blug, kana kasur. Gulang-guling bangun nu rungsing. Teu lila, ngagerentes deui, "Tapi kétang, leuwih hadé kitu ... Ngarah beuki panasaran sangkan sugema dina mangsana." ceuk Dani bari keukeuh tugenah cicing.

Hujan geus raat. Kari keclak cai dina tungtung kenténg sésa tadi. Peuting beuki jempling, méh sakabéh jalma padanyorang pangimpian masing-masing.
Kitu deui Mia jeung Dani, tibra di tempat nu béda. Dina keureutan beungeutna kagambar pangharepan nu moal lila deui baris tinekanan. Is**an, ngamimitian. Muka lambaran kahirupan dina lalakon anyar, Mia baris nyanding dina dangdanan kabaya samping jadi pangantén sok sanajan moal waka diréncéng-réncéng.

Address

Sumedang

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Arie Salze - Cepi Setiawan posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share