24/07/2022
Ringkesan tina wejangan Pangersa Guru Mursyid asy-Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin (Abah Anom) rodhiyallohu 'anhu dina acara khidmat 'ilmiyyah Manaqiban kaping 11 Jumadil-Awwal 1412 H /
17 Desember 1991 M
--------------------------------------------------
*_Judul:_*
*MEUNANGNA HIDAYAH KUSABAB PAGEUH MUNTANG KA MANTENNA*
Alloh ngadawuh dina surat Ali-Imron:
*اعوذ بالله من الشيطان الرجيم*
*بسم الله الرحمن الرحيم*
*ومن يعتصم بالله فقد هدى الى صراط مستقيم*
A'uudzubil-llaahhiminasy-syaithoonir-roojiim. Bismillaahhir-rohmaanir-rohiim
*"Wa may-ya'tashim bil-laahi faqod hudiya ilaa shiroothim-mustaqiim"*
Hartosna:
*_"Sing saha jalma anu pageuh, kuat, teguh muntangna ka Alloh, pasti dibukakeun hidayah, dituduhkeun kana jalan anu lurus, anu ajeg, anu panceg, anu mawa salamet, bagja, waluya dunya akherat"._*
_(Qur'an surat Ali Imron ayat 101)_
Kudu dipikahayang ku urang sadayana, yen dina pitulung Alloh, aya dina tuntunan Alloh, tapi syaratna kudu pageuh muntangna, kuat nyepengna, buleud tekadna, teu galideur, ulah kaweur, kakarek urang bisa meunang pituduh ti Pangeran, ari kitu mah hampang, hampang teu berbobot, teu kuat, teu puguh, teu pengkuh, alah...boro-boro dibukakeun? Jadi eta ayat teh nganyatakeun yen aya syaratna, nyaeta kudu muntangna ka Alloh subhaanahu wata'aalaa. Ayeuna kudu urang usahakeun sing tiasa pageuh muntangna ka Pangeran, sing kuat, sing teguh. Kumaha carana? Teu aya deui nyaeta kudu muntang kana kalimah Allah:
*فقداستمسك بالعروة الوثقى*
*Faqodis tamsaka bil 'urwatil wutsqoo*
*_"Saenyana pageuh muntangna manusa teh kudu ku 'urwatul-wutsqoo"._*
Ari 'urwatul-wutsqoo teh numutkeun dawuhan *_kanjeng Nabi_*:
*كلمة لا اله اﻻ الله كلمة عروة الثقى - كلمة مفتاح الجنة*
*_"Ari kalimah laa ilaaha illalloh 'urwatul-wutsqoo, nyakitu deui disebut kalimah miftaahul-jannah"._*
Jadi hasilna mah nya eta kuat, pageuh, teu lesot-lesot deui.
Tah nu ku urang kudu diusahakeun nyaeta supaya ulah loba teuing lesotna tibatan nyangreudna. Ari eta kalimah kuat pageuh nyangreud dina badan urang, matak meunang hampura Alloh. Sakumaha dawuhan *kanjeng Nabi*:
*من قال لا اله اﻻ الله ومدها بالتعظيم غفرله اربعة اﻻف ذنب من الكباءر*
*_"Saha jalma anu ngucapkeun kalimah laa ilaaha illalloh bari nyangreudkeun eta kalimah maksud ngagungkeun ka Alloh, nyangreud atawa ngeusi, manehna teh dihampura 4000 dosa gede_*, sakali dzikir, komo mun loba. Hartosna kudu nyangreud, kudu pageuh, kudu kuat, ulah lesot-lesot.
Tah ngan kari eta nu kudu ku urang diusahakeun teh. Cara ngusahakeunnana kumaha?
Urang geus biasa ngagunakeun. Ngan *Abah* bade nerangkeun katertibannana, supaya urang mingkin berhasil.
_Kahiji:_
*Dina dzikir bareng sing karaos nikmatna, ulah patonjol-tonjol sora dugika matak ngagokkanan ka anu sanes.*
_Kaduana:_
*Ulah pagancang-gancang supaya mingkin tepat ngareusina.*
_Katiluna:_
*Dina waktu berjama'ah sholat, terutama dina peuting, ulah digunakeun tarik-tarik, terutama urang nyanghareupan tamu anu keur sarare, pribadi we masing-masing di mana bade berjama'ah dzikir.*
Ieu mah katertiban, supaya urang mingkin kuat, mingkin pageuh. Dina enggoning urang keur tawajjuh sing teleb, sing lila, ulah gancang eureun, jadi lamun masakan mah encer deui. *_Dina keur tawajjuh teh aya puluh menitna_*, malah langkung lami deui ba'da sholat shubuh dugika kaluar panon poe *_(hattaa tathlu'asy-syamsu)_*, jadi sahingga tepi kaluarna panon poe, disambung ku *_sholat Isyroq_*. Tah ieu gunakeun ku urang, kacuali lamun aya amalan nu saimbang seperti urang keur kuliah shubuh, atawa aya kaperluan anu bener penting, jadi teu matak ngagunasika.
Ari kitu mah digunakeun sakadar hayang gancang nyaneut, hayang gancang ngobrol, atuh jadi cair deui, jadi moal pageuh-pageuh muntangna. Sedengkeun meunang hidayah ti Alloh teh ku syarat kudu pageuh muntangna.
Tah keur cara mageuhkeun eta, boh dina memeh shubuhna, atawa terutama ba'da shubuhna dugi ka kaluarna panon poe, sambung ku *_sholat Isyroq_*, nyaeta sholat kaluarna panon poe, anu urang sarerea enggeus biasa ngamalkeunannana. Maksudna ieu mah supaya mingkin tartib tur cepet hasil, terutama dina ba'da shubuh ulah sok gancang bubar, boh nuju di masjid, boh di madrasah, urang keur ngeusian dina hate teh ulah dugi ka teu aya pisan tapakna.
Sedeng *_lathifah_* teh aya tujuh:
*_Qolbi, ruhi, sirri, khofi, akhfa, nafsi_* jeung *_qolab_*. Urang kudu menta dituduhkeun di mana tempatna lathifah masing-masing, maksudna supaya ka eusi, mun ti luar nu diucapkeun, nu ti jero dieusian supaya mingkin pageuh, mingkin kuat, mingkin teguh, teu galideur, teu kaweur, akhirna buleud tekadna, tangguh imanna, berbobot jiwana, estu wungkul gumulung sumujudna ngan ka Alloh subhaanahu wata'aalaa.
*فقد هدى الى صراط مستقيم*
*_"Pasti Alloh nuduhkeun kana jalan anu bener, anu matak terbuka bagja, waluya dunya akherat, ngan syaratna kudu pageuh!"_*
Tah keur mageuhkeun ieu kudu diandelkeun pedah urang berjama'ah bae, keur nyorangan oge usahakeun, terutama dina waktu peuting, ba'da tahajjud sing seueur dzikir supaya karaos, mingkin lila mingkin ngeusi, mingkin lila mingkin mantep, lain keur nu bodo malulu, anu pinter oge, nu keur nyaho, 'alim ge sarua, kudu ngusahakeun, kudu ngalobakeun dzikir kalayan tartib, sabab lamun teu kitu moal kagugahkeun rasana, moal kapendak daekna.
Ari dzikir teh asalna nikmat (daek):
*واصل الذكر التلذذ والحلاوة*
*_"Asal dzikir teh nikmat"_*, jadi urang teh keur ngagali kanikmatan. Urang sarerea lain teu meunang kanikmatan ti Alloh, ngan teu karasa ku sabab poho, padahal unggal poe ngarenghap, unggal poe bisa ningali, pan eta teh nikmat? Nu matak kanikmatan teh ngaitna, nyantelna, pageuhna, tah kusabab mindeng rumasa.
Keur musim halodo kamari ieu, ku Abah disebarkeun du'a supaya urang dipaparin hujan. Saparantos diqobul urang sami-sami nyanggakeun rasa syukur kana nikmat Alloh subhaanahu wata'aalaa, tah kudu kitu, sabab ku ayana hujan kadang-kadang jadi amarah, aral subaha pedah sawah rempag, balongna limpas, alatan ku lantaran manahna poho ka anu ngersakeun, numawi hayu urang dzalikir ka Gusti Nu Maha Suci, supaya urang kenging kanikmatan anu abadi.
Ngadu'a unggal shubuh, du'ana geus pada terang:
*الهم اسقنا الغيث والرحمة وﻻ تجعلنا من القا نطين*
_Tah dina tungtungna teh:_
*وﻻ تجعلنا من القا نطين*
*_"Ulah dijadikeun abdi jadi manusa anu putus asa"_* ku pedah halodo, teu hujan, ngan syaratna:
*اعتصام*
*_"Pageuh",_* jadi dina pageuhna ku urang kudu dibiasakeun, ulah pageuh keneh ka anu sejen batan ka Pangeran.
Ari ka anu sejen mah mani belaan nyangreud, teu pedah urang keur ibadah, teu pedah urang keur ulin, ih...nyangreud deui, malah nyangreudna dina urang keur sholat. Naha ari ka Pangeran mah mani hampang pisan dina ngusahakeunnana karasa beurat saeutik tapi lega.
Hartina saeutik: Bahasana ngan saeutik, tapi cara ngusahakeunnana puluh taun dialaman ku urang, ih...kitu keneh-kitu keneh, ih...beurat lamun henteu diperhatikeun, nu matak kudu diperhatikeun, saindeng-indeng, yen kaayaannana bertahap-tahap. Tah ieu teh kudu kaeusi kabeh. Sabab teu kaeusi, lamun ku urang teu diusahakeun, nu matak kajeun urang keur di masjid, hate mah ngaleos we kamana mendi. Eta teh kusabab manehna, eta teh. Jadi teu beunang diusahakeun ku batur supaya aya eusina, teu beunang sakadar dipapatahan ku batur, tapi diapalkeunnana oge diusahakeunnana teu bisa lamun teu diperhatikeun ku sorangan.
Ayeuna mah anu diharepkeun sing bener-bener karaos. Amalan urang bae, sing mantap, da moal kapanggih, sabab ngamalkeun dzikir teh keur ngabukakeun hiji cahaya anu bakal nerangkeun ka urang sarerea tina jalan anu mana anu bener, jeung mana anu salah, jadi urang mah teu bisa misahkeun, nu bener dilakukeun, nu salah disingkirkeun.
Dawuhan *Sulthon Aulia*:
*الذكر نار والذكر نور*
*_"Ari dzikir teh seuneu",_* keur ngaduruk sagala runtah-runtah, sagala alaik-alaik nu bakal mengkolkeun, mengparkeun dina diri urang, dina tujuan urang.
*والذكر نور*
*_"Ari dzikir teh cahaya,"_* keur nerangkeun, keur nyaangan sagala laku lampah anu hade. Nu matak gunakeun dzikir supaya urang bisa kacaangan, salilana henteu sabab, boh sabab pikiran, boh sabab ucapan atawa sabab kalakuan, sabab kakurung ku cahaya dzikir, kasorot ku cahaya dzikir, katuduhkeun ku rasa-rasa dzikir.
*حتى يحصل انوار الذكرالله فى بواطن الذاكرين*
*_"Sahingga bisa ngahasilkeun cahayana dzikir dina bathin-bathinna diri nu keur dzalikir."_* Tuh, dzikir teh kitu.
Akhirna mudah-mudahan Alloh ngalimpahkeun taufiq, urang sing jadi manusa anu aya dina ridho Anjeunna, sing jadi manusa anu ta'at kana parentah Anjeunna, sing jadi manusa anu disalametkeun ku Anjeunna, sing jadi manusa anu aya dina lindungan Anjeunna, para luluhur, para gegeden, para ulama, para aulia, muslim, nyaeta supaya urang kabawa salamet, di dunya jeung di akherat, aamiin yaa Robbal-'aalamiin.
Du'a akhir:
*ربنا افتح بيننا وبين قومنا بالحق و انت خير الفاتحين*
Aamin yaa Robbal-'aalamiin
*_Assalaamu 'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh_*
--------------------------------------------------
_Sumber:_
*_20 Wejangan Guru Mursyid KH A Shohibul Wafa Tajul Arifin (Abah Anom)_*, Pondok Pesantern Suryalaya - Tasikmalaya, 05 September 2000.
""""""""""""""""""""""
@ ti:
Pangersa
[Aceng Durahman]