27/11/2024
"Muncang"
Di ieu lembur, di Trowek, Kolot, pamuda, jeung budak, keur mejeuhna raresep kana muncang. Teu sirikna saban burit, mun pareng teu hujan (da kabeneran ayeuna téh keur usum ngijih) pasti aya hiji tempat nu jadi pusat riungan, ngadon ngaradu muncang. Kadang di tonggoh, kadang di lebak. Aya mangsana ti lebak ngadon nyorog ka tonggoh, aya mangsana ogé ti tonggoh nyorog ka lebak.
Sakur-sakur nu aya, panonna marencrong kana pidekan sabari leungeunna nyarepeng muncang. Lain maksud rék ngala duit tina ngadu muncang, tapi ngadon (mun ceuk urang dieu mah) ngetés batok jeung paalus-alus urusan. Euweuh, euweuh eusian nanaon. Éstu abar kosong alias euweuh taruhan nanaon.
Dikersakeun téh, sakitu unggal poé diadu-adu nepi ka bubuk, tapi da teu béak-béak muncang téh, da keur usum téa. Di dieu mah, ustadz, ajengan, aparat satempat gé ngarurus muncang. Da éta téa, resep ari loba batur nu sarua mah. Sajaba ti éta, kagiatan ngaradu muncang téh jadi cukang lantaran keur silih anjangan jeung papada.
Atuh ngurus muncangna, nalika karak ngala, dikeueum ku cuka nepi béak ngajerejesna. Terus wanci peuting dikeueum dina ceumceuman cai ramuan séwangséwangan. Isuk-isuk, dipoé sakeudeung, terus dipalé ku leungeun nepi ka halérang kaluar minyakna tina muncang. Terus waé meunang sababaraha waktu mah kitu. Geus kitu mah, "du wé lah!"
Anapon ngaduna, teu jiga baheula kawas ngadu muncang sayur. Cukup ku awi eréng hiji jeung diteunggeul ku peureup langsung bitu. Tapi maké pidekan husus anu wedel. Masangna gé sok rada hésé upama muncang buleudan mah. Geus masang 'ngarél', terus ditalian si éta muncang téh ngarah teu robah posisina. Sakapeung mah sok aya anu ditutupan ku lamak ngarah teu ngancleng. Geus rapih kitu, tibang ngahabek ku paneunggeul sataker kebek. Éta teh, lamun muncang alus mah, sok aya nu kudu sababaraha kali teunggeulan. Kadang sok aya nu baluh.
Upama meunang miharep mah, kahayang téh, kaayaan samodel kieu téh ulah leungit. Da aya manfaatna jeung bisa disebut euweuh madorotna di dieu mah.