majalah cakakak

  • Home
  • majalah cakakak

majalah cakakak Majalah CAKAKAK diajangkeun kanggo pamaos dewasa anu resep banyol sareng teu cegekan.

Postinganana dabrul, teu aya pupurieunana, dapon nu maca seuri minimal imut. Ka sugri anu bade mairan, kedah ngangge basa Sunda anu sae sareng teu garihal.

Ngadu BakoGARA-GARA ROLÈXKu Taufik Faturohman"Dina kanyataanana, Pa Prabowo masihan hadiah jam tangan Rolèx ka pamaèn Ti...
13/06/2025

Ngadu Bako
GARA-GARA ROLÈX
Ku Taufik Faturohman

"Dina kanyataanana, Pa Prabowo masihan hadiah jam tangan Rolèx ka pamaèn Timnas PSSI tèh tamiang meulit ka bitis, Kang."
"Ih, naha?"
"Apan Jepang tos lolos ka Piala Dunia 2026, Kang. Matakna waktos ngalawan Arab Saudi nurunkeun pamaèn lapis kadua. Kitu deui waktos mayunan Ustrali, pamaèn intina seueur nu dibangku cadangankeun. Sanaos ku Ustrali kawon, da teu aya pangaruh, Jepang tetep lolos ka Piala Dunia,"
"Naon patalina jeung Timnas PSSI?"
"Waktos ngalawan Timnas PSSI mah Jepang enyaan pisan, nurunkeun pamaènna _full team,_ kalebet Wataru Endo, Takefusa Kubo, sareng Daichi Kamada. Atuh Jay Idzes sabalad-balad kawalahan, bal kalah ngulibek di daèrah nyalira, da daèrah musuh sapertos nu dipager bitis. Tah kitu peta tèh, gara-gara Pa Prabowo masihan hadiah Rolex ka para pamaèn Timnas PSSI, anu langsung diprotès ku Ketua Japan Football Association, majarkeun ... nande Indonesia no sakka senshu ni Seiko udedokei janakute, Rolexusu daroo ne?"
"Naon hartina?"
"Naha hadiah nu dipasihkeun ka pamaèn Timnas PSSI tèh jam tangan Rolex, sanès Seiko?"
"Ha-ha-ha. Sigana nu boga pabrik Seiko kasigeung, terus ngaharèwos ka Hajimè Moriyasu sangkan ngawarah Timnas PSSI, nya?"
"Muhun, Kang. Matakna basa lalebet ka lapang, sadaya pamaèn Jepang sapertos nu karaksukan sumanget bushido sareng kamikazè, tinggorowok patarik-tarik ... aro yaro ne!"
"Naon hartina?"
"Gaskeun!"
"Ha-ha-ha. Bisa jadi èta alesanana nu matak Timnas PSSI dicacar bolangkeun 6-0 gè, padahal maèn di kandang sorangan,"
"Di kandang nyalira kumaha, ari Akang? Apan maènna di Stadion Suita, di Osaka?"
"Ih, apan dingaranan Stadion Suita tèh dumèh nu bogana Suita Pata, mantan pamaèn Persib,"
"Ha-ha-ha. Manawi tèh sanès ka dinya lèokna. Namung dina mèdsos mah seueur nu ngalepatkeun Patrick Kluivert, bongan percanten teuing ka Bechkam, pamaèn nu nembè lebet timnas tos didamel starter,"
"Apan Bechkam tèh pamaèn Persib. Mun aya nu ngagogorèng Persib dina mèdsos, tong dianggap, sabab kahayang maranèhna mah kabèh pamaèn Timnas PSSI tèh ti ... Persija,"
"Hè-hè-hè. Muhun, nya. Namung perkawis kawon 6-0 mah aya patalina sareng sajarah, Kang. Apan Jepang ngawitan ngajajah nagara urang tèh taun 1942. Mangga sadaya angkana jumlahkeun teras candak 10, hasilna ... 6!"
"Ari Timnas PSSI 0 teu ngagulkeun, kumaha rumusna?"
"Jepang birat ti nagara urang tèh taun 1945. Kantun jumlahkeun wè, hasilna 19, jumlahkeun deui teras bantun 10, hasilna 0,"
"Ah, èta mah èlmu cocokologi, Jang Guru! Nu jelas, kasawelasan Jepang mah kuat, langganan piala dunia. Apan Jerman jeung Kolombia gè kungsi èlèh. Sabenerna, mun hayang ngelèhkeun Jepang mah gampil, ulah nurunkeun pamaèn ti Walanda, kuduna pamaèn ti Sekutu. Apan dina Perang Dunia kadua, Jepang èlèhna ku Sekutu?"
"Ha-ha-ha."
"Ongkoh bèda kelas deuih. Jepang peringkat 15 dunia beurat ku jam terbang, ari Timnas PSSI peringkat 115 dunia beurat ku jam Rolèx,"
"Namung satungtung bal buleud mah, peringkat teu janten patokan, Kang. Geuning di lembur abdi gè, kasawelasan kelas kacamatan, tiasa ngawonkeun PSM sareng Persija?"
"Ngèlèhkeun PSM Makasar?"
"Sanès, Persatuan Sèpakbola Malangbong."
"Ha-ha-ha. Ari Persija?"
"Persatuan Sepakbola Jalancagak,"
"Ha-ha-ha. Sok atuh abenkeun deui jeung PSMS, Persatuan Sepakbola Majalaya Selatan,"
"Ih, èta mah maksa pisan, Kang?"
"Hè-hè-hè. Tapi tetep wè, nu disebut juara dina olahraga mah ditangtukeunana ku peringkat atawa kelas, Jang Guru. Ari nu bèda kelas diabenkeun mah, nya bakal bocok jeung remek. Contona Roy Suryo nu salah milih kelas, hasilna ... dikerem,"
"Har, naha brasna ka dinya, Kang? Apan ka Roy Suryo mah seueur nu ngadukung?"
"Ngadukung ti Hongkong?"
"Leres Kang, ngadukung supados ènggal dikerem!"
"Ha-ha-ha. Gara-gara nuduh ijasah Pa Jokowi palsu, nya?"
"Sanès, Kang. Alatan Roy Suryo teu apaleun lagu Indonèsia Raya!"
"Ha-ha-ha."

(Ngadu Bako, Koran Gala, 14 Juni 2025)

11/06/2025
11/06/2025

"Mamah, upami Ocad tos ageung, gaduh istri tèh hoyong opat," ceuk Ocad nyarita ka Ceu Ikoh.
"Nya kumaha engkè bobona?" tèmbal Ceu Ikoh.
"Ih, ari bobo mah nya badè sareng Mamah,"
"Ari istri anu opat, sareng saha atuh bobona?"
"Keun wè sina bobo sareng Si Bapa,"

HEUREUY KABAYANDinten Rebo ènjing, 28 Mèi 2025, tabuh 15.30 - 17.00, urang sasarengan ngaguar "Heureuy Kabayan". Nu badè...
27/05/2025

HEUREUY KABAYAN
Dinten Rebo ènjing, 28 Mèi 2025, tabuh 15.30 - 17.00, urang sasarengan ngaguar "Heureuy Kabayan". Nu badè gabung, tiasa ngalangkungan zoom.

11/01/2025

"Abdi gaduh tarucing. Naon bèntenna fitnah sareng fitnes?" ceuk Ocad nyarita ka Kang Suryana.
"Fitnah mah pagawèan anu gorèng, ari fitnes mah olahraga?"
"Lepat,"
"Naon atuh?"
"Fitnah mah kejam, ari fitnes kejim."
"Bener ogè,"

11/01/2025

"Abdi mah tos 40 taun janten ASN, teu acan kantos ngabantun gajih," ceuk Kang Suryana nyarita ka Pa Camat.
"Euleuh? Upami kanggè kaperyogian sadidinten tina naon?"
"Sok nyuhunkeun ka pun bojo,"
"Ari istri Akang, naon damelna?"
"Ngabantun gajih abdi unggal kaping 1,"

09/12/2024

Juara ka-2 Pasanggiri Borangan (Ngabodor Sorangan) FTBI (Festival Tunas Bahasa Ibu) Balai Bahasa Jawa Barat 2024 jenjang SMP.

09/12/2024

Cakakak Cikikik

MIKROPUNNA RUKSAKSagala gè kudu ati-ati jeung tarapti hareupeun budak mah. Ulah kajadian saperti nu kaalaman ku Ceu Ikoh...
31/10/2024

MIKROPUNNA RUKSAK

Sagala gè kudu ati-ati jeung tarapti hareupeun budak mah. Ulah kajadian saperti nu kaalaman ku Ceu Ikoh anu kiih di WC bari teu ditulakan pantona, atuh sorana kadèngèeun ku Ocad

"Ari mamah nuju naon?" ceuk Ocad nanya.
"Nuju kahampangan,"
"Ih, naha mani ngajèos kitu? Apan biasana nu kahampangan mah tara gandèng?"

"Mamah mah mun kahampangan pasti gandèng, apan mikropunna diruksak ku bapa manèh," tèmbal Ceu Ikoh bèakeun alesan.

28/08/2024

"Naon sababna manèh sok malak supir?" ceuk pulisi nanya ka Agus Ulèn.
"Margi abdi peryogi artos kanggo mèsèr minuman, Pa !" tèmbal Agus Ulèn.
"Keur naon manèh nginum ?" ceuk pulisi nanya deui.
"Apan supados aya kawantun upami abdi malak supir, Pa ?" tèmbal Agus Ulèn daria naker.

Address


Telephone

022-2016922

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when majalah cakakak posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Contact The Business

Send a message to majalah cakakak:

Shortcuts

  • Address
  • Telephone
  • Alerts
  • Contact The Business
  • Claim ownership or report listing
  • Want your business to be the top-listed Media Company?

Share