27/02/2024
Cerita sedih ibu
Peuting kamari hujan turun sapeupeuting. Abdi ningali ka luar jandela geuning cai teh tos naek ka luhur. Katingali Bapa jeung Ema geus beberes barang-barang. Kajadian cai caah di lingkungan tempat abdi teh memang geus biasa.
Lajeng ceuk bapa "Bahaya. Lamun hujan terus kieu, geura-giru cai pasti bakal datang ka imah." Bapa beuki hariwang sabot ningali cai nu mulai naek kaluhur teras, tangtu rarasaan kuring ge milu hariwang. Abdi tuluy ngabantuan ngabereskeun barang-barang pikeun ngahindarkeun résiko banjir.
Satengah jam saterusna, cai oge geus mulai asup. Ema neuteup kuring ku panon anu sarua hariwang. Sigana ca'ah ayeuna bakal langkung parah tibatan biasana. Tangtuna alesanana teu bisa leupas tina kabiasaan jalma sok miceun runtah papaduan ka walungan deukeut imah, nu masih kénéh dipilampah ku réa warga.
Peuting eta keneh cai asup ka imah beuki luhur nepi ka saluhur tu'ur. "Bapa, cai teh beuki gancang asup, hayu geura mening urang évakuasi," Ceuk indung. Lajeng Bapa satuju, "Sumuhun Bu, langkung sae urang evakuasi sareng mawa heula barang anu parenting." Kuring, Bapa, jeung Indung saterusna milih barang-barang nu penting pikeun dibawa ka kemah pangungsian anu biasana geus disiapkeun.
Kemah pangungsian memang geus disadiakeun dina usum caah kawas kieu ku pangurus desa satempat. Dimana cai terus naek beuki luhur, kuring ge langsung mangkat ka pangungsian, tétéla geuning tos seueur kulawarga anu lain ogé nu ninggalkeun bumina kusabab tingkat ca'ah ayeuna sigana langkung parah tibatan samemehna.
Hujan teu eureun-eureun, teu aya anu nyangka yén hujan badag bakal terus turun salila 3 poe lilana. Dina poé kaopat sanggeus hujan eureun, abdi sakelarga balik ka imah. Ka tempo imah Abdi teh mani kotor pisan jeung loba barang-barang anu ruksak sarta kabawa ku cai.
Basa Abdi keur beberesih, kadenge sora salam ti luar imah "Assalamualaikum." Kuring indit ka hareupeun imah, singhoreng teh rea babaturan sakola Abdi nu datang. Tétéla maranéhna datang nanya naha kuring teu ka sakola salila 3 poé. Kuring ogé ngajelaskeun ngeunaan banjir ngadadak anu narajang lingkungan tempat kuring cicing.
Ningali abdi, Ibu sareng Bapa beberesih, maranehana ngabantuan Abdi. Babaturan sakola Abdi mantuan nepi ka imah beresih deui, lajeng méakkeun waktu jeung kuring pikeun ngabejaan ngeunaan kana palajaran nu geus kaliwat basa Abdi teu asup sakola.
Abdi ngarasa bungah pisan miboga babaturan sapertos maranehana. Babaturan anu aya basa kuring dina kasulitan sareng henteu mopoheun pikeun ngabantuan dina waktos susah.
Artinya:
Tadi malam hujan turun sepanjang malam. Aku melihat ke luar jendela dan melihat air sudah mulai naik. Sepertinya Ayah dan Ibu sudah membereskan barang-barang untuk di evakuasi. Terjadinya banjir di lingkungan tempat tinggal ku memang merupakan hal yang sudah biasa terjadi.
Ayahpun berkata, “Bahaya. Kalau hujan seperti ini terus, sebentar lagi pasti air akan masuk ke dalam rumah.” Ayah semakin khawatir saat melihat air mulai naik, tentu saja aku juga menjadi khawatir juga. Akupun kemudian membantu menyiapkan barang-barang untuk dievakuasi untuk menghindari risiko banjir.
Setengah jam kemudian, air sudah mulai masuk. Ibu menatapku dengan mata khawatir yang sama. Tampaknya banjir kali ini akan lebih parah dari biasanya. Tentu saja, alasannya karena masyarakat tidak bisa menghilangkan kebiasaannya dalam membuang sampah di sungai dekat rumah.
Malam itu juga, air masuk ke dalam rumah semakin tinggi hingga setinggi lutut. “Ayah, airnya masuk lebih cepat, ayo kita segera mengungsi,” ajak Ibu. Lalu Ayah mengiyakan, “Iya Bu, mendingan mengungsi dan membawa perlengkapan yang penting dulu.” Aku, Ayah, dan Ibu kemudian memilih barang-barang yang penting untuk dibawa ke tempat pengungsian yang biasanya telah disiapkan.
Tempat pengungsian memang disediakan saat musim banjir seperti ini oleh aparat desa setempat. Dimana air terus naik semakin tinggi, Aku langsung menuju shelter, ternyata banyak juga keluarga lain yang meninggalkan rumahnya karena ketinggian banjir kini terlihat lebih parah dari sebelumnya.
Hujan tak kunjung reda, tak ada yang menyangka hujan deras akan terus turun selama 3 hari lamanya. Pada hari ke empat setelah hujan reda, Aku pulang ke rumah. Ketika saya melihat kedalam rumah, ternyata rumah saya sangat kotor dan banyak barang yang rusak dan terhanyut oleh air.
Saat sedang bersih-bersih dirumah, aku mendengar sapaan dari luar rumah “Assalamualaikum.” Akupun lalu pergi ke depan rumah, ternyata banyak teman sekolahku yang datang. Rupanya mereka datang menanyakan kenapa saya tidak masuk sekolah selama 3 hari. Akupun kemudian menjelaskan tentang banjir bandang yang melanda lingkungan tempat tinggalku.
Melihat hal demikian, teman-temanku kemudian mereka membantuku. Teman-teman sekolahku membantuku membersihkan rumah hingga kembali bersih, lalu meluangkan waktunya bersamaku untuk memberitahukan tentang pelajaran yang sudah terlewati saat aku tidak masuk sekolah.
Aku merasa sangat bahagia mempunyai teman seperti mereka. Teman-teman yang selalu ada untukku saat aku susah dan membantu di saat sulit