Baraya Urang Sunda

Baraya Urang Sunda Nu di kota baraya
Nu di lembur dulur
Sing baragja sing alakur Ini bukan akun pribadi tapi ini adalah halaman yg berisi berbagai macam hiburan.
(4)

Jangan pernah baper dengan postingan didalamnya.

10/12/2025

Geus lieur beuki dieu jalma téh geus euweuh adab jeung étika,

09/12/2025

Hariwang jembatan kieu sok sieun ngagebros nya kang Yulius Hilman

08/12/2025

Manawi sapéda na Panasonic nya kang Kang Aef 😄🤭

06/12/2025

Nalaktak tuda jadi wé labuh 😄

06/12/2025

Teu seuri aslina uing mah henteu 🤭

06/12/2025

Kumaha atuh mang Héndra 😁🤭

Taya kacapé, terus ngaléngkahTeu paduli disebut pencitraanTeu paduli disebut kumaha waéTapi soal kamanusaanTapi soal ben...
05/12/2025

Taya kacapé, terus ngaléngkah
Teu paduli disebut pencitraan
Teu paduli disebut kumaha waé
Tapi soal kamanusaan
Tapi soal bencana
Tapi soal alam
BAPA AING panghareupna pangtarikna
Ki Sunda nyanding dina diri
Ki Sunda nyaring ayeuna mangsana
Sunda kiwari niti nulis sajarah ngawangun pajajaran anyar anu kungsi tilem jati dirina
Rahayu
Rahayu
Rahayu
🙏🏻

05/12/2025

Matak nyorocod tuur aslina ieu mah kang Yulius Hilman 😁

Mulih ka jati mulang ka asal, Parantos dipundut kunu Rahayu dicandak Kunu Maha Kawasa,Pileuleuyan kang Épy Kusnandar anu...
03/12/2025

Mulih ka jati mulang ka asal,
Parantos dipundut kunu Rahayu dicandak Kunu Maha Kawasa,
Pileuleuyan kang Épy Kusnandar anu katelahna Kang Mus, sing ditampi iman islamna,
Sing kebat taya hahalang nyorang ka alam asal, mendak caang alam padang poé panjang nagari tunjung sampurna,.

03/12/2025

Malah disangka saré da si amang mah ahh 😄
-

Lamun mimin mendak acis sakantong dek dibagikeun kabéh moal nyésa aslina, keun mimin mah dek ngalamun deui anu leuwih lo...
01/12/2025

Lamun mimin mendak acis sakantong dek dibagikeun kabéh moal nyésa aslina, keun mimin mah dek ngalamun deui anu leuwih loba wé jang di imah mah 😄🤭

MANGGIH DOMPÉTDina hiji mangsa balik sakola, si Kabayan manggih dompét nu ngagolér di sisi jalan. Ari hég eusina duit 10...
01/12/2025

MANGGIH DOMPÉT

Dina hiji mangsa balik sakola, si Kabayan manggih dompét nu ngagolér di sisi jalan. Ari hég eusina duit 100 rébu salambar jeung surat-surat anu penting ka asup KTP jeung SIM nu bogana. Najan si Kabayan ka asup budak nu bangor, tapi da ari haténa mah bersih tara wani cukat-cokot kanu lain hak na. Lain pédah ogé didikan kolotna nu nyebabkeun si Kabayan alus budi téh tapi budakna nu geus ngarti kana pangrasa haté ku kaayaan.
Saenggeus maca alamat nu aya dina KTP, gidig si Kabayan indit seja mulangkeun dompét ka alamat nu kabeneran teu jauh ti kampungna.

"Assalamualaikum"
ceuk si Kabayan saenggeus anjog kahareupeun panto imah alamat nu di tuju.

"Wa'alaikumsalam, badé milarian saha jang,??" walon saurang bapa-bapa bari mukakeun panto.

"Punten Pa, dupi bumina pa haji Abdul leres didieu,??"
tanya si Kabayan bari asa-asa.

"Muhun, aya naon kitu,??"
pokna malik nanya.

"Abdi badé ngauihkeun ieu, tadi mendak di jalan"
bari ngasongkeun dompét ka éta bapa-bapa.

"Aéh pantesan atuh ku bapa ditéangan ti tatadi teu kapanggih waé, singhoréng ragrag di jalan nyah,??!!"
kituna téh bari nampanan éta dompét.

"Mangga parios bilih aya nu ical Pa"
ceuk si Kabayan ngingetan.

"Ari barang mah euweuh nu leungit jang, duit ogé angger 100 rébu. Ngan, tadina mah salambar, naha ayeuna jadi 10 lambar 10 rébuan,??"
tanyana bari tarang na kerung.

"Tadi di jalan ku abdi ditukeuran heula pa, soalna kantos kapungkur ogé ngauihkeun dompét pamendak, saur nu gaduhna téh nuhun nya cép, punten teu aya récéh cenah Pa"
ceuk si Kabayan ku polosna nyarita.

Jadi,!!!
Dina sagala kahadéan mun bisa ulah hayang dipulang tarimakeun sabab saha nu melak hadé tangtu buahna ogé tangtu hadé pon kitu deui sabalikna.

Address

Banjar
46321

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Baraya Urang Sunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Contact The Business

Send a message to Baraya Urang Sunda:

Share