28/10/2020
"Tanah sunda"
Sapotong syurga nu turun ka dunya
Tempat tumpah darah na kaula
Tina sakeclak kesang bapa
Jeung sakecap do'a ti ema
Dunya nu jadi pangancikan raga
Basa pangancikan rasa
Tanah sunda pangancikan kaula
Gubrag na ka alam dunya
Gumelar dugika ayeuna
Mugi sing sae panungtungan nana
Sanajan taya indung tempat nyalindung
Sanajan taya bapa nu nguatkeun waruga
Beunghar na ku sabar
Beudas na ku tawaqal