18/10/2026
Riadloh Malam Senin, 18 Oktober 2026
KH. Agus Malik Nawawi
"Kauntungan Neundeun Iman Dina Diri"
بسم الله الرحمن الرحيم
Untungna ti Allah neundeun iman anu aya dina diri diantawisna pikeun ngeurem kana diri upama diri keur meunang kanikmatan saperti meunang kabungah, rizki melimpah, awak sehat, anak sholeh. Atawa kauntunganana jeung ngadorong kana diri supaya diri teu tumiba kana putus asa dimana aya kakurangan seperti panen anu gagal, dagang teu payu, nu peuseun seupi, awak geuring, anak incu hareeng, duit sulit.
Tumbuhna rasa iman anu aya dina diri dimana hirup (dzohir) berperilaku ku perilaku pinuh ku tawakal ka Allah. Saur Allah:
وعلى الله فليتوكل المؤمنون