14/12/2025
Cirina jalma anu goréng haténa lain tina pakéanana, lain tina pangkatna, tapi tina cara manéhna ningali hirup jeung ningali Allah.
Aya jalma anu hirup siga nu henteu butuh campur tangan Pangeran.
Cekap ku harta, cekap ku jabatan, cekap ku pangkat…
ngan ukur ku perkara dunya manéhna ngarasa bisa ngatur sakabehna.
“Upama abdi boga duit, pasti bahagia.”
“Upama abdi boga jabatan, pasti beres masalah.”
“Upama abdi jadi pejabat, hirup mah gampang.”
Padahal éta omongan téh nandakeun lalungguhan diri jeung poho ka Allah.
Sebab kabagjaan lain aya dina duit,
katenangan lain aya dina jabatan,
kabeungharan lain aya dina pangkat,
tapi dina tangan Allah anu ngadalikeun sadaya urusan.
Jalma anu jelek haténa téh nyangka dirina anu ngalakukeun sagalana,
teu sadar yén hirupna, napasna, rizkina, bahkan detak jantungna
sakali-kali teu bisa jalan tanpa idin ti Allah.
Sedengkeun jalma anu sae haténa, sanajan boga harta, boga jabatan, boga pangkat,
tapi manéhna tetep nyebut:
“Tanpa Allah, moal aya anu bisa dilakukeun.”
Éta anu disebut merdeka tina sombong, bébas tina ujub, jauh tina kufur nikmat.
Sebab sing inget:
Anu paling kuat téh lain jalma anu loba harta,
tapi jalma anu paling sadar yén dirina butuh Allah dina unggal hembusan napasna.