28/07/2024
Drajat Wibawa:
Ngawujudkeun Panyambung Sora Dina Politik
Dina enggoning naratas jalur gerakan dina lakuning bebela ka rahayat, teu ieuh laas kumangsa, sok komo dirina nu mangrupa saurang aktivis, cenah moal uereun ku nyoarakeun keur kamajuan Cianjur.
Kitu awal dina obrolan Kalam Sunda jeung Kang Darajat Wibawa di saung Tim Ngaprak Lembur (TNL) anyar kaliwat.
Bari neuteup ka jauhna, Kang Drajat Wibawa nyebutkeun dirina aya dina jalur nu sok ngageuing para pihak gegeden atawa inohong di Cianjur bakat ku cinta ka Cianjur. Matak nepika ayeuna oge osok terus nyambung silaturakhmi jeung sobat sobat nu diantarana, Kang Unang Margana, Kang Dian , Kang Ubun, Mas Cipta Camdra oge loha lobana deui. Nu ti beragam kalangan.
" Enggoning nyambungkeun tali silaturakhmi supaya tetep kajalin sok bari diskusi moal mungkin bisa laksana mun bari ditepuangan hiji hiji. Pon komo pami waktu pada pada sibuk," pokna.
Tapi najan kitu sumanget pikeun ngawal naon rupa pangwangunan, oge widang politik estu beuki tambah kapikir kudu tetep dilakukeun malar Cianjur leuwih maju,
Matak aya inisiatif ngabentuk grup dina Facebook (Fb) kalawan dingaranan Rumah Bersama Urang Cianjur anu langsung digagas sababaraha taun ka tukang.
"Salaha sahijina tempat anu dipake ngariung ngobrolkeun dibentukna RBUC kapanan di saung TNL ieu," tandesna.
Kiwari RBUC geus jadi wadah keur diskusi atawa mere panggeuing kana naon rupa anu nyimpang atanapi anu teu luyu jeung visi misi Cianjur.
"Mugia wae kang ide jeung gagasan abdi anu mungkin masih aya dina kakirangan ieu khusus di RBUC tiasa manfaat," pokna Kang Drajat bari roman marahmay, ngagambar kapuasaan hatena.***