01/11/2023
“Langlayeuseun Ku Kasieun_1”
Ku : Sukirman Dede.
Mangsa harita, wanci geus ngagayuh ka subuh. Kuring nu ti saméméhna geus nyaring da kagarewahkeun ku sora kongkorongok hayam, gura giru ka cai.
Di dapur indung jeung adi kuring nu pangais bungsu, keur takrak tikrih di dapur, da apal kuring jeung Ki Adi nu lalaki rék arulin ka Banjar.
Teu karasa pisan waktu nyérélékna, sabada mandi kuring teu talangké gura giru disalin, tuluy ngalaksanakeun kawajiban, da nempo nu jadi adi geus saged, sabada manéhna solat subuh.
Kaluar ti kamar, dina méja makan, katingali kadaharan geus ngabarak, samalah kuring nempo nu jadi adi geus miheulaan mumuluk.
Hawa tiris nu dibawa ku angin subuh, nu harita maraksa arasup ka jero imah, ti na sela sela jalosi, siga nu embung tinggaleun maturan kuring jeung Ki Adi, nu mumulukna kalah beuki ponyo.
Indung kuring, nu keur diuk bari manco ka kuring jeung ka Ki Adi, pameunteuna katingali meuni marahmay, bangun anu sugema.
Sabada mumuluk, kuring jeung Ki Adi, amitan ka nu jadi indung.
“Mah, abdi angkat heula!” Ceuk kuring. bari nyium dampal leungeun nu jadi indung.
“Ati ati di jalannya! Tong hilap upami ka Pangandaran nyimpang ka Haji Udin, mésér jambal!” ceuk indung kuring, bari leungeun kéncana ngaragamang ngusapan sirah.
Kuring gura giru, kaluar ti imah, nyusul adi kuring nu geus miheulaan indit.
Dianteur ku gupayna dangdaunan nu katebak angin subuh, kuring jeung Ki Adi ninggalkeun lembur, muru ka Banjarkeun.
Teu kacaturkeun di jalanna.
Melétékna panon poé ti béh wétan, siga nu ngahaja ngabagéakeun ka kuring jeung Ki Adi, nu harita geus ngaliwatan pasar Cisaga.
Teu lila sabada ngaliwatan Cisaga, katingali mobil nu tadina nyemprung, teuing kunaon kalah ngalaunan.
“A, bade ka pulo majeti heula?” ceuk Ki Adi bari seuri.
Kuring teu némbalan, pananya Ki Adi kur ditaur ku seuri konéng, lantaran kuring yakin pisan, Ki Adi ogé kungsi boga pangalaman nu teu jauh béda, mun sueg ngaliwat ka dinya.
Teuing kunaon, ngaliwatan éta tempat, pangacian kuring kabawa deui ka sababaraha puluh taun ka tukang.
Mangsa keur meumeujeuhna belekesenteng, kuring mindeng pisan ngaliwatan ka éta tempat.
Téng…tong …téng... tong...téng..tong..téng. Sora gamelan nu hawar hawar kungsi kadéngé ku kuring mangsa keur ngora, lamun kaparengan peuting peuting ngaliwatan ka éta tempat, asa nongtoréng deui.
Percaya teu percaya, kota Banjar nu geus jadi saksi gumelarna kuring ka alam dunya, mémang geus ti baheulana patali jeung carita mistis, nu moal bisa kapopohokeun sok sanajan kuring geus puluhan taun ngumbara.
Mun seug ku urang dititénan, ngaran ngaran wewengkon di sabundeureun Banjar, di antarana Ranca Onom, Lembur Siluman, kitu deui Siluman Baru, beuki nguatkeun carita carita mistis nu salila ieu ditepakeun ti biwir ka biwir.
Ceuk carita nu jadi kolot kuring nu bubuara ka Banjar ti taun genep puluhan, carita carita ngeunaan kota Banjar, mémang geus aya ti jaman walanda kénéh.
Mangsa harita, Walanda nu datang ka wewengkon Banjar, nyangka éta tempat téh, kampung gedé, tur ramé.
Tapi sabada kasaksian ku sorangan, kaahéngan matak moal bisa dipercaya, da geuning di dinya téh saukur leuweung nu suwung ku jelema. Nu matak teu anéh, mun seug éta wewengkon téh katelahna kampung Siluman.
Kitu deui, jeung carita ngeunaan Ranca Onom, bangsa lelembut nu teu sirikna hirup pagilinggisik, mémang ti baheulana geus aya di éta tempat.
Tapi da sok sanajan kitu, naon nu aya patalina jeung kajadian kajadian mistis nu aya di Banjar, mangsa baheula geus hésé maluruhna, lantaran di Banjar geus dicaricingan ku nu ngalumbara, sedengkeun urang dinya aslina mah, duka tos ka marana.
Sabada ngaliwatan Situ Mustika, laju mobil angger henteu narikan, Ki Adi siga nu ngahaja, sangkan kuring anteng dina sawangan ka mangsa puluhan taun nu geus kalarung.
Teuing kunaon, mobil nu kuduna méngkol ka katuhu, meuntas jambatan, ku Ki Adi kalah di bawa lempeng ka wétankeun.
Di pertelon Ciamis – Banjar – Majenang, ka kara mobil méngkol ka katuhu. Samalah teu lila ogé geus mimiti ngaliwatan jambatan nu meulah walungan Citanduy.
Aya di luhureun jambatan nu kaliwatan, lelembutan kuring nu masih katinggaleun di palebah péngkolan nu rék ka Pulo Majeti, ngadak ngadak ngarumpul deui.
Nempo cai Citanduy nu umpal umpalan, meungkeutkeun ingetan kuring, ka mangsa jamn keur budak.
Di éta walungan, lain saeutik jelema nu titeuleum bari nepi ka kiwari teu kapanggih deui. Atuh carita ngeunaan jurig “Lulun Samak” ogé, teu sirikna narémbongan.
Waas ku wanci nu geus laas, kuring ngarénghap jero, bari ngarérét ka Ki Adi, nu sanajan keur manco ka jalan, sorot panonna katingali siga anu jararauh panineungan.
Mobil tuluy maju ngidulkeun sanajan laun. Di palebah parapatan alun alun Banjar, teuing kunaon mobil ku Ki Adi kalah dipéngkolkeun ka kénca, teu dibawa lempeng, nu brasna ka kota.
Can lila mobil méngkol ka kéncana téh, tapi haté kuring teu pupuguh ngadadak ratug, nempo sakola SMPN 1 Banjar, nu jadi tempat kuring baheula sakola.
Teu karasa cimata ngeclak tina dua juru panon kuring, nu ras inget ka mangsa baheula.
Samalah sabada éta sakola nu geus kaliwatan saméméh méngkol ka jalan pagadéan ogé, teuing kunaon, kuring siga aya nu maksa ngalieuk ka béh kénca.
Rumah Sakit Banjar nu harita teu pati katempo tina jero mobil nu keur maju, geus ngumpukeun deui pangacian kuring, nu cus cos ku rupa rupa kajadian nu kungsi kaarandapan.
Samalah péngkolan nu geus rada jauh kaliwatan téh, siga nu ngingeutan deui ka kuring, yén di hareupeun Rumah Sakit Banjar, kuring kungsi “Langlayeuseun Ku Kasieun”. (HANCA)