WANCI-Wacana & Carita

WANCI-Wacana & Carita komedi sunda

05/09/2024

Wanci na - MANGGIHAN DOMPET

Balik sakola, si Otong manggih dompet nu ngagoler di sisi jalan. Eusina duit 100 rebu salambar jeung surat-surat penting ka'asup KTP jeung SIM nu bogana. Najan si Otong ka'asup budak bangor, tapi da ari hatena mah bersih tara cukat-cokot kanu lain hakna. Lain pedah didikan kolotna Udin jeung Icih nu nyebabkeun si Otong alus budi teh, teu lian lantaran kapangaruhan ku didikan.

Saenggeus maca alamat nu aya dina KTP, gidig si Otong indit seja mulangkeun dompet ka alamat nu kabeneran teu jauh di kampungna.

“Assalamualaikum!" ceuk si Otong saenggeus anjog kanu di tuju.

"Walaikumsalam, bade milarian saha jang?" walon saurang bapa-bapa bari mukakeun panto.

"Punten, pa, dupi bumina pa haji Abdul leres didieu?" tanya si Otong asa-asa.

"Muhun, aya naon kitu?" pokna malik nanya.

"Abdi bade mulangkeun ieu, tadi mendak di jalan," bari ngasongkeun dompet ka eta bapa-bapa.

"Aeh, pantesan atuh ku bapa diteangan tatadi teu kapanggih, singhoreng ragrag di jalan nyah?" kituna teh bari nampanan eta dompet.

"Mangga parios bilih aya nu ical pa," ceuk si Otong ngingetan.

"Ari barang mah eweh nu leungit jang, duit oge angger 100 rebu. ngan, tadina mah salambar, naha ayeuna jadi 10 lambar 10 rebuan?" tanyana bari kerung.

"Tadi di jalan ku abdi ditukeuran heula pa, soalna kantos kapungkur oge ngauihkeun dompet pamendak, saur nu gaduhna teh nuhun nya cep, punten teu aya receh' cenah pa."

"Owh kitu,,yeuh atuh keur ujang..nuhun nya?" pokna bari mikeun duit 20 rebu ka si Otong.

30/08/2024

WANCI- CWANDAAN JEUNG CARITA

"NIKAH"

Maman: Neng, aa teh bener bener cinta ka eneng..

Neng Rita: Ah nu leres a?

Maman: Leres ikh.. Ari neng cinta teu ka aa?

Neng Rita: Nya cinta atuh a..

Maman: Mun eneng cinta ka aa, urang nikah atuh yu!

Neng Rita: Ikh ari aa, apan urang na ge sakola keneh?!

Maman: Em… Kmh lamun urang nikah na poe minggu atuh.! Pan poe minggu mah libur!

Neng Rita: ???

30/08/2024

WANCI- CWANDAAN JEUNG CARITA

PANYAKIT KONENG

Maman: Dokter, leres abdi teh katarajang kasakit koneng?

Dokter: Leres

Maman: Naon tandana atuh?

Dokter: apan eta waos Bapak KONENG

Address

Kp Ciseupan
Sukabumi
43363

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when WANCI-Wacana & Carita posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Shortcuts

Share