05/03/2023
Beratna nikah jeung putrina ustads.. Samemeh ijab kobul di mulai, calon pimitohaeun sakaligus ustads khutbah heula, dina eusi khutbah nerangkeun beratna rumah tangga...
âAnaking.. Ijab kabul teh bisa dihartikeun seren sumeren tanggung jawab. Sanggeus ijab kabul, tanggung jawab dunya aherat anak bapa pindah ka diri anjeun. Ngarasa anak bapa anu tadi dibintian ku ngaran bapa, baris di ganti, ditambahan ku ngaran anjeun. Ku kituna, bapa arek nepikeun amanah, nitipkeun anak bapa ka diri anjeun..
~Kahiji.. Nitip Aqidahna, sangkan teu kakeclakan ku aqidah di luar kalimah toyyibah, LAA ILAAHA ILALLOH..
~Kadua... Nitip ibadahna ti mimiti ayeuna solatna, puasana jeung alamalan sejena jadi tanggung jawab anjeun..
~Katilu... Ahlakna, Ahlak ka indung bapa, ahlak ka sasama, jeung ahlak dina hirup kumbuh sapopoena..
~Kaopat.. Bapa nitipkeun cita-cita, nyaeta lasanana sareat islam di bumi pancasila, sanggup heuteu..? Lamun sakira-kira teu sanggup, bedo ge kajeun..â ceuk bapa calon panganten awewe, anu mere khutbah nikah ku dirina ku anjeun..
Ngadenge pananya ti pimitohaeun siga kitu, calon panganten lalaki anu tadina ngeluk tungkul,.. Jadi nangtung leungeuna diasongkeun ka pimitohaeun ngajak sasalaman tuluy ngajawab kalawan tandes...
âTeu sanggem..!â pokna, bari balik kanan bubar jalan...buburingsat buru-buru balik.