Al wafi media

  • Home
  • Al wafi media

Al wafi media Pendidikan

21/10/2024

HSN

19/10/2024

Amanat pendiri Ponpes MH Al - Wafi dalam rangka reuni HAMIDA Al - WAFI .
KH. JAJA ABDUL JABBAR

19/10/2024
29/03/2024

Anugrah ni'mat anu paling sampurna nyaeta disa'at Alloh nempatkeun diri keur migawe parentahanNa atawa keur nahan dina panyarekNa, kulantaran kitu sing cekas panon ati dina melong takdir ulah aya wahdatul maujud anu teu jadi wahdatul ma'bud jeung matlub.
(Kh Abdul Aziz Affandi)

28/04/2023
Papatah kolot,Hirup teh kabagi 31. Hirup Cicing : kawas tatangkalan,dimana geus kolot dituar,kadituna pisuluheun.Mun man...
18/01/2023

Papatah kolot,Hirup teh kabagi 3

1. Hirup Cicing : kawas tatangkalan,dimana geus kolot dituar,kadituna pisuluheun.Mun manusa hirupna cicing teu daek amal,kadituna pisuluheun...suluh naraka..😭
2. Hirup Nyaring : kawas sasatoan,sapi najan panon na peureum,sungutna mah ngagayem.dimana geus kolot,kececet di peuncit,kadituna pikulubeun. manusa nu hirupna kawas sato,ukur nyaring jeung barang gayem kadituna pikulubeun.
3. Hirup Eling : Manusa mah ditungtut kudu eling ka pangeran hirupna, ngarah teu jadi pisuluheun jeung pikulubeun.

Elmu kudu mampuh nyipuh pamuluh jeung tindak laku nu saestu,Pangabisa kudu bisa ngarumat kana rasa sangkan sadar kana ta...
13/12/2022

Elmu kudu mampuh nyipuh pamuluh jeung tindak laku nu saestu,
Pangabisa kudu bisa ngarumat kana rasa sangkan sadar kana tangtungan jadi manusa,
Pangarti kudu jadi pamatri jeung panggeuing sangkan eling kana diri ngarti kana marganing dumadi

Tong kalah jadi jumawa,takabur,umaki, deleka ka sasama.
Tapi sing jadi alat pikeun maslahat keur sakaumna umat✍️☕

✍️

13/11/2022

Usahan pikeun awewe
Mun neang salaki kudu
Nu gede,panjang,heuras jeung tahan lama

* Gede tanggung jawab na
* Panjang pikir jeung faham na
* Heuras dina ngadidik na
* Tahan lama tina rasa sabar nalika nyanghareupan ujian nu tumiba ka dirina
قال بعضهم ينبغى أن تكون المرأة دون الرجل بأربع وإلا إستحقرته بالسن والطول والمال والحسب وأن تكون فوقه بأبع بالجمال والأدب والخلق والورع
Hal anu kudu di perhatikeun pikeun awewe dina milari calon suami
* Umur na saluhureun
* Leuwih jangkung ti awewe na
* Harta na leuwih loba
* Leuwih mulia
Hal anu kudu di perhatikeun pikeun lalaki dina milari calon istri
* Nu rada geulis
* Nu sopan
* Ahlak na bagus
* Waro bisa ngajaga diri

Wallahua'lam
😊🙏😊

Cacing berem maca sholawat kangjeng rosul tiap poe 1000 x سُبْحَانَ اللَّهِ Nalika nabi Daud as ningali sakadang cacing ...
10/11/2022

Cacing berem maca sholawat kangjeng rosul tiap poe 1000 x

سُبْحَانَ اللَّهِ
Nalika nabi Daud as ningali sakadang cacing beureum anu ngolek lempang di luhur taneh ,na hate leutik manteuna ngagerentes ngomong,,,piken naon Alloh ngadamel ieu cacing????

Dengan izin Allah,eta sakadang cacing beureum teh ngajawab :hayy ,,,nabiyalloh ti berang kaula di parentah ku Gusti Allah sitah maca :
سُبْحَانَ اللَّهِ والْحَمْدُ لِلَّهِ ولااله الاالله 1000x satiap poe

Ti wengi kaula bersholawat ka kangjeng rosul Saw 1000 x
Tuluy paedah naon anu bisa di alap kukaula ti anjen?

Akhirna nabi Daud pun ber istighfar menta hampura ka Alloh.


"hirupelehkucacing
مكاشفة القلوب للامام غزالي

(ولا تترُْك قِيَامَ اللَّيْلِ)فإنه نور المؤمن يوم القيامة يسعى من بين يديه ومن خلفه،“pacuan Kade mihape anjen ulah  ning...
06/11/2022

(ولا تترُْك قِيَامَ اللَّيْلِ)

فإنه نور المؤمن يوم القيامة يسعى من بين يديه ومن خلفه،

“pacuan Kade mihape anjen ulah ninggalken ‘ibadah ti peting”

Karena saenya"na qiyamullail (‘ibadah tengah peting) eta cahaya jalma mu’min kin Dina poe kiyamat anu bahan nya'angan arah harep dan tukangna.

وفى كلامهم : من طال وقوفه بين يدي الله تعالى فى الظلام ثبت الله تعالى قدميه على الصراط يوم تزلزل الأقدام،

Kalam para ‘ulama’ nganyataken; sing Saha wae jalmana anu cicing Lila dihadapan Allah Ta’ala di tengah wengi NU poek mongkleng, maka Allah Ta’ala baris mengukuhken/netepken kana dua dampal sukuna diluhuren shirat kin Dina poean dimana suku suku loba terpeleset ti polesed.

وقد روى مسلم فى صحيحه "أفضل الصلاة بعد المكتوبة الصلاة فى جوف الليل"

Imam Muslim ngariwayatken dina kitab shahihna; “Shalat anu paling utama sangges shalat maktubah nyaeta shalat di tengah wengi.

*dunya geus tereh pamitan..**kiamat geus ngadeukeutan..**elmu gampang di teangan..**ngamalkeun na hese pisan..**na hp el...
04/11/2022

*dunya geus tereh pamitan..*
*kiamat geus ngadeukeutan..*
*elmu gampang di teangan..*
*ngamalkeun na hese pisan..*

*na hp elmu pabalatak..*
*teu ngarobah kana watak..*
*ka guru kalah calutak..*
*ka kolot ge wani nyentak..*

*loba jalma anu pinter..*
*pamikiran na teu angger..*
*nu di sebut ka balinger..*
*ka batur sok ngalilieur..*

*agama jadi dagangan..*
*piken nyiar kauntungan..*
*jeung dulur anu sa iman..*
*geus loba papaseaan..*

*ari ka batur ngabela..*
*tapi jeung dulur pasea..*
*bari mamawa agama..*
*teu boga rasa rumasa..*

*hayang di sebut wanian..*
*hayang tenar ku pujian..*
*ngadadak silih baeudan..*
*jeung balad nu teu sajalan..*

*dunya geus beuki ngolotan..*
*ulama geus di jauhan..*
*ka pasantren nga anggangan..*
*ngaji geus teu kalakonan..*

*loba nu katalar qur'an..*
*hadis geus jadi talaran..*
*lain benang di wurukan..*
*tapi beunang pipikiran..*

*maca tafsir terjamahan..*
*maca hadis sambarangan..*
*mengkol dina kayakinan..*
*asa bener ceuk sorangan..*

*elmu loba di debatkeun..*
*dalil loba di adukeun..*
*tapi ahlak di pohokeun..*
*fiqih na teu di jalankeun..*

*nu bener di sebut salah..*
*nu hade di tuduh bid'ah..*
*make dalil na teu mernah..*
*nyokotan tina tarjamah..*

*hayu dulur geura ngaji..*
*ka ajeungan jeung kiai..*
*anu pinuh kupangarti..*
*nu apik tur sae ati..*

*agama keur di amalken..*
*lain pikeun di pamerken..*
*akhlak kedah di terapkeun..*
*lain sakadar ngobrolkeun..*

*sing karunya kanu bodo..*
*elingan jalma nu poho..*
*kudu sabar bari ridho..*
*kana ibadah sing sono..*

*caangan hate nu poek..*
*sangkan hirup henteu rupek..*
*amalken sulam taufeq..*
*sangkan hirup henteu fasek..*

*pagehan dina aqidah..*
*sing akur jeung ahlussunnah..*
*aqidah na asy'ariyah..*
*sinareng maturidiyah..*

*ulama nu sholeh nyontoan..*
*najan aya perbedaan..*
*marantena sa uyunan..*
*sangkan umat narurutan..*

*hayu dulur nu sa iman..*
*ukhwwah urang kuatan..*
*islam kudu sabeungkeutan..*
*sangkan menang ka jaya an..*
pepeling piken urang sadaya.

Address


Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Al wafi media posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Contact The Business

Send a message to Al wafi media:

Shortcuts

  • Address
  • Alerts
  • Contact The Business
  • Claim ownership or report listing
  • Want your business to be the top-listed Media Company?

Share